Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2018

Sapatu, Jarum, jeung Bilatung

Gambar
carpon: Anggi Novia Dewi Gebru! Mangpirang-pirang runtah diketrukkeun tina treuk gedé. Sorana handaruan lir taneuh urug. Mangpirang treuk, mangpirang runtah. Runtah ti suklakna ti siklukna ngumpul di tempat pamiceunan pamungkas. Tempat pamiceunan sésa-sésa kahirupan manusa.   Mangpirang manusa mapag bareng jeung ngagimbungna laleur. Néangan sésa-sésa kahirupan pikeun manjangkeun kahirupan. Paboro-boro, paloba-loba. Ngumpulkeun sagala rupa nu masih miboga harga pikeun ditukeurkeun jeung rupiah. Teu maliré bau nu maturan unggal rénghap jeung rurujit nu ngalingkupan, nu aya dina haténa ngan harepan lir tingkaretipna béntang nu keur mayungan.     Lir taya eureunna, treuk gedé ngetrukkeun runtah nu ngahunyud jadi tutugan, lamping,   pasir, antukna jadi gunung. Isuk-isuk, beurang, kitu deui jeung kiwari mangsa janari. Mangsa nu lianna dipépéndé alam impénan.   Treuk piligenti mudalkeun eusi nu diangkutna. Sagala rupa, sésa nu gedéna nu leutikna paga...

MANGLÉ KASIMPÉ

Gambar
Carpon Anggi Novia Dewi Seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar, tapi panon batin nu nempona langlayeuseun. Lalaunan manglé diambung kalawan anteb. Bet matak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu. Rét nempo bayangan awak tina eunteung satangtung. Sanggul masih mapaés riasan buuk, kabaya katut samping masih mungkus awak, kitu deui riasan beungeut. Moal waka salin jeung mupus riasan, hayang ngajaran heula maké manglé. Manglé malati cicirén sekar asli nu nyakséni jatukrami. Bodasna perlambang kasucian, kasucian niat pikeun ngawangun rumah tangga ti dua calon pangantén. Rap manglé diterapkeun kana sanggul. Tungtungna sina ngarumbay dikahareupkeun. Biwir diimutkeun, tapi cipanon kalah nyurucud. “Dini, Anjeun téh masih can ikhlas geuning.” Ceuk haté ka jalma nu keur nangtung dina eunteung. Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? “Geus puguh keur oléng pangantén!” ceuk bayangan kuring tina eunteung. Sagala téh keur Dini. Sagala barang Méta bisa diin...

HANDAPEUN LANGIT KULAWU

Gambar
Carpon: Anggi Novia Dewi Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit bakal beuki éndah katumbirian. Handapeun langit nu kulawu, kuring kungsi ngabedahkeun cimata dina handapeun tetenger makam indung. Sora ceurikna nu awong-awongan ngan awor dina jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan. Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadzkeun runtuyan dunga, sedeng leungeun ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras. Ti harita, kuring sok resep neuteup langit kulawu. Cumeluk nepi ka hujan cluk-clak. Sanajan haw...