MANGLÉ KASIMPÉ
Carpon Anggi Novia Dewi
Seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar,
tapi panon batin nu nempona langlayeuseun. Lalaunan manglé diambung kalawan
anteb. Bet matak leuleus saawak-awak lir dipupul bayu.
Rét nempo bayangan awak tina eunteung satangtung. Sanggul masih mapaés
riasan buuk, kabaya katut samping masih mungkus awak, kitu deui riasan
beungeut. Moal waka salin jeung mupus riasan, hayang ngajaran heula maké
manglé. Manglé malati cicirén sekar asli nu nyakséni jatukrami. Bodasna
perlambang kasucian, kasucian niat pikeun ngawangun rumah tangga ti dua calon
pangantén.
Rap manglé diterapkeun kana sanggul. Tungtungna sina ngarumbay
dikahareupkeun. Biwir diimutkeun, tapi cipanon kalah nyurucud. “Dini, Anjeun
téh masih can ikhlas geuning.” Ceuk haté ka jalma nu keur nangtung dina
eunteung.
Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? “Geus puguh keur oléng pangantén!”
ceuk bayangan kuring tina eunteung.
Sagala téh keur Dini. Sagala barang Méta bisa diinjeum ku kuring.
Malahan mah geus diinjeumkeun téh sok tuluy dibikeun. Keur Dini wé… kitu ceuk
anjeun sasarina.
Dini, séhat? Tos tuang? ceuk anjeun mun sapoé teu panggih. Dini, tos
dugi? Wilujeng leleson. Ceuk anjeun mun kuring balik ti pagawéan ka kosan.
Dini, tos kulem? Kitu ceuk anjeun mun peteng ngalimpudan peuting. Dini, mun di
kosan keueung mah, kulem atuh di rorompok. Bunda nuju aya di rorompok da. Engké
urang tuang pais lauk pasakan Bunda, urang curhat, pelesir, nongton di bioskop,
balanja! Ti dituna mah ngolo kuring sangkan daék mondok di imah anjeun.
Teu sirikna sangu saalas diduakeun. Karasa
kanyaah jeung béla ti anjeun ka kuring téh, Méta! Dina keur susah jeung
bungahna, éstu anjeun marengan. Sataun lilana simpay sosobatan urang
dipaheutkeun. Taya hal nu disamunikeun. Kahirupan kulawarga anjeun, kulawarga
kuring. Kahirupan anjeun, kahirupan kuring. Udagan anjeun, udagan kuring.
Kereteg haté jeung trésna anjeun, iwal ti kareteg jeung trésna kuring. Inggis
megatkeun simpay sosobatan nu geus dalit, kuring nyidem rasa trésna ieu. Sugan
jeung sugan milik mah moal kamana, jodo geus dipasangkeun ti anggalna.
Anjeun resep warna kayas, kitu deui kuring. Anjeun resep pais lauk, kitu
deui kuring. Anjeun teu resep haseup roko, kitu deui kuring. Anjeun micua ka si
anu, nya kitu deui kuring. Sarua pangresep sugan téh moal jadi harungan.
Harungan nu nigas trésna kuring ka kang Héndi. Nepi ka danget ieu, anjeun moal
mungkin nyaho kumaha mantengna rasa trésna kuring ka Kang Héndi. Kang Héndi nu
kuring!
Kang Héndi, bagian keuangan di kantor. Kang Héndi nu tutur catur jeung
pasemonna teu weléh soméah. Kang Héndi nu sok adzan di masjid kantor. Kang
Héndi nu ceuk anjeun wudhuna pohara tartil. Éta téh Kang Héndi nu kuring!
Ti mimiti kuring asup gawé nepi ka danget ieu, trésna kuring masih
manteng ka Kang Héndi. Dua taun lilana, kuring nganti-nganti. Nganti Kang
Héndi ngedalkeun rasa haténa ka kuring. Sataun
saprak anjeun asup gawé kuring hariwang. Pan urang téh nyobat dalit, tapi
disagédéngeun éta haté kuring lewang. Da anjeun mimiti pada ngarérémokeun ka
Kang Héndi ku pagawé lianna.
Kang Héndi nu ikhlas mantuan ngomékeun komputer di méja kuring nu sok error. Kang Héndi nu ngaranna ku kuring
geus diteundeun di satungkebing rohang haté. Kang Héndi nu sok marengan lamunan
kuring. Éta téh Kang Héndi nu kuring! Kang Héndi nu ayeuna jadi salaki anjeun,
Méta!
Kang Héndi nu sok tumanya “Mulih, Bu?” cenah. Meureun ceuk Kang Héndi
mah, éta téh hal basajan. Teu pira nanya, rék balik? Kalimahna gé basajan, ngan
diwangun ku dua kecap “mulih” jeung “bu”, tapi éta pananya téh ceuk kuring mah
maknana téh manglapis-lapis. Aya panitén ti Kang Héndi ka kuring. Asa wé
pangSintana nu dipicinta Rama.
Sok tuluy bungah, najan pagawéan di kantor meunang panyentak atasan
jeung complain konsumén gé. Komo mun
anjeun ngajak dahar pas jam istirahat mah. Haté bungangang. Diuk pagigir-gigir
atawa pahareup-hareup téh matak samar rasa samar polah. Jantung dagdigdug teu
puguh wirahma. Basa didéhéman ku pagawé lian téh geuning anjeun garo-garo
ateul, teuing enya ateul kétang. Nya kitu deui kuring, sumpah asa teu napak!
Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? “Geus puguh keur oléng pangantén!”
ceuk bayangan kuring tina eunteung. Kang Héndi! Ulah waka. Ulah waka oléng
pangantén. Dagoan kuring! Yeuh manglé geus dirumbaykeun dina sanggul kuring!
Hayu urang ijab Kabul! Tuh lebéna pan can balik! Bapa kuring gé masih aya
ngadagoan di receptionist.
Kang Héndi! Kuring cinta ka anjeun!
Kang Héndi, ieu haté asa digerihan ku hinis, tatuna diawuran uyah.
Peurih téh! Haté mah ti tadi gé nyeri, cageur sotéh mun anjeun mawa perban
cinta. Pikiran kuring haleungheum, cangra sotéh mun anjeun sadia mawa cahya
trésna. Jiwa kuring langlayeuseun, hégar deui sotéh mun anjeun sadia nyébor ku
ciasih.
Kang Héndi! Itu komputer error!
Hayu geura, urang téang, urang benerkeun. Urang bukaan filena. Aya mangrébu foto anjeun dina file husus. Aya manglaksa sajak cinta ti kuring nu can dibaca ku anjeun.
Aya ébréhan rasa nu lalangséna can kasingraykeun ku anjeun.
Kang Héndi!
Ieu manglé seungitna masih nyambuang. Malati nu ditiirana masih
katingali hégar. Tapi nyatana, kuring moal bisa jatukrami jeung anjeun. Kuring
lain wanoja bagian tina tulang iga anjeun nu cenah bakal jadi jodo. Lain kuring
Sinta keur anjeun mah, tapi Méta. Lolongkrang nu aya di antara réma-réma anjeun
téh bakal dieusian ku réma-réma Méta! Laiiin, lain ku kuring siga ceuk sajak nu
minuhan rohang haté katompérnakeun.
Méta!
Ku téga atuh ngarébut Kang Héndi kuring. “Pan Méta mah teu apaleun Anjeun
nyidem rasa trésna ka Kang Héndi. Lain salah Méta. Bongan anjeun teu wani
ngedalkeun rasa, malah nganti-nganti. Bener ceuk Méta, wanoja gé bisa
ngedalkeun cinta ti heula mun lalakina cicing waé mah. Cenah ceuk anjeun
harita, basa ditanya ku Méta anjeun ngajawab ngan saukur babaturan ka Kang
Héndi téh! Taya hubungan nanaon! Ayeuna Kang Héndi geus jadi milik Méta. Anjeun
tong sirik! Anjeun kudu ikhlas!” ceuk bayangan diri dina eunteung ka haté
kuring.
Cipanon beuki nyurucud diomongan kitu téh. Dini…sing ikhlas! Apan Méta
nu sok maturan kuring mangsa susah jeung bungahna. Méta nu satia ngabaturan
almarhum ibu waktu kuring méunang tugas ka luar kota nepi ka henteuna. Méta,
Méta, Méta nu satia jeung ikhlas ngabagi asih indungna keur kuring ngagantikeun
asih ibu salila sataun ieu. Nepi ka kuring bisa tetep ngarasakeun kanyaah hiji
indung.
Dini! Minggu payun sepuh Kang Héndi badé ka rorompok, sumping nya. Dini!
Kang Héndi masihan ali meneng, dungakeun nya. Dini! Kang Héndi ngajak jatukrami, dungakeun
mugia tiasa tinekanan nya. Dini! Sasih
payun Kang Héndi hoyong ijab kabul, dungakeun sing tinekanan nya. “Dini! Dini!
Dini! Sing ikhlas nya!” ceuk haté ngajawab alon kana paménta Méta.
Dini, sok geura milih hoyong kado nu mana? Badé lima, badé sapuluh gé
mangga. Ceuk anjeun bari nuyun kuring asup ka kamér pangantén. Digigireun
ranjang pangantén numpuk kado, aya kana satangtungeun jalma sawawa. Kuring ngan
wasa ngembang kadu. Gék diuk dina biwir kasur pangantén nu disépréan warna
bodas tina sutra. Lemes kacida. Di luhurna mayak kembang malati.
Dini mah angger ari tos hoyong dipangmilihkeun ku Méta téh. Atuh ayeuna
mah Dini milih nyalira, ceuk Méta bari gék diuk gigireun kuring. Ramona nyekel
ramo kuring. Tuh geura kalah ngalamun jeung kuraweud, cenah ngaheureuyan.
Kuring imut, ningali paroman Méta nu hégar. Sahégar manglé nu ngarumbay dina
sanggulna. Atra, haté Méta tinangtu dilimpudan kabungah nu taya hinggana.
Ah wios atuh kanggo Méta wé, ceuk kuring laju nangtung ngadeukeutan
lalangsé. Diluar layung katingali mimiti hibar. Sieun ku Kang Héndi nya? Kang
Héndi mah moal nanaon atuh, Din, ceuk anjeun bari tuluy nangtung ngadeukeutan
eunteung gigireun lalangsé nu ku kuring keur disingraykeun, hawa karasa rada
nyongkab, teuing keur Méta mah. Ah,
pokona mah Dini tong waka mulih saméméh nyandak kado ti Méta, ceuk anjeun bari
tuluy mukaan jepit dina sanggul.
Méta! Kuring mo nampik kado ti anjeun mun seug eusina Kang Héndi. Kang
Héndi kuring nu ayeuna geus jadi salaki anjeun. Kang Héndi kuring nu sakeudeung
deui bakal oléng pangantén jeung anjeun di ieu kamer.
Dini, cing pangbantosankeun ih, ceuk anjeun bari nyengir sabab buukna
aya nu kadudut. Kuring mantuan Méta ngaleupaskeun manglé. Padahal mah tong waka
dileupaskeun atuh, engké wé ku Kang Héndi, ceuk kuring neger-neger manéh
nyarita kitu téh. Ah, hoyong ayeuna, rada ararateul kana punduk, jaba ti tadi
gé beresin waé. Mangga atuh, ceuk kuring.
Geus leupas, manglé ku kuring diambung anteb pisan. Seungitna masih
nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar.
Keur Dini wé, ceuk Méta ngagareuwahkeun polah kuring. Kuring seuri maur.
Ah, kanggo naon. Pamali atuh malati saksi jatukrami Méta kedah dipasihkeun mah.
Anggursi disimpen, ceuk kuring bari mikeun deui manglé. Keur naon disimpen?
Méta mah lain Suzanna nu mikalandep kembang malati, atuh engké Kang Héndi
sieuneun. Haha…! ceuk anjeun ngakak. Kuring imut, tapi haté ngarakacak.
Keur Dini wé, sugan tiasa dialap hikmahna. Sugan Dini gé énggal-énggal
pinanggih jeung ksatria nu baris ngajak jatukrami, ceuk anjeun daria naker.
Kuring unggeuk, can kaburu pok nganuhunkeun, Kang Héndi asup. Atuh kuring
hareugeueun, samar rasa samar polah. Méta imut, Kang Héndi imut, kuring ngan
wasa tungkul bari buru-buru amit ka luar. Méta jeung Kang Héndi gé teu
ngaulahkeun.
Basa kuring nutupkeun panto kamer pangantén, kadéngé sora Méta halimpu,
“Kang…” cenah. Wilujeng Méta, ceuk kuring nyeklékkeun éngsél panto.
Kuring asup ka kamer tempat rias, loba jelema nu keur bébérés jeung
meresihan dangdanan. Piceurikeun geus nyedek. Kuring asup ka toilet. Cetrék
pantona dikonci.
Kang Héndi! Anjeun keur naon ayeuna? Geus puguh keur oléng pangantén. Seungitna
masih nyambuang. Malati nu ditiiran masih katingali hégar, tapi panon batin nu
nempona langlayeuseun. Lalaunan manglé diambung deui kalawan anteb. Bet matak
leuleus saawak-awak lir dipupul bayu. Sing ikhlas Dini! ceuk haté téh.
Cipanon dipaksa sina saat, disusutan ku tissue. Las diwedak deui,
dilipen deui, dangdanan dibebener deui. Geus ah, sing teger Dini! Kuring laju
ka luar, katinggali nu keur mérésan dangdanan masih pasuliwer bari narempokeun
kuring bangun hareugeueun. Kuring tungkul, rumasa panon masih caridul. Kuring
leumpang daria muru lift ka lanté
hiji sabab rék bareng balik jeung Bapa.
Kuring ningali Méta jeung Kang Héndi, bayanganana mantul dina panto Lift. Kuring malik laju imut, katingali
leungeun Méta pacekel jeung lengeun Kang Héndi. “Sing ikhlas, Dini!” ceuk haté.
Méta nyampeurkeun ka hareupeun kuring “Dini, meni cahayaan!” cenah bari
ngarampa manglé manéhna nu ngarumbay dina sanggul kuring. Kuring tungkul teu
wasa ningali maranéhna.
Mujahidin, 03 Desember 2010
Kantos kasinugrahan carpon pinilih
Majalah Mangle
Majalah Mangle

Komentar
Posting Komentar