Dua Porsi Tresna
Carpon:
Anggi Novia Dewi
Dapur. Tempat romantis pikeun kuring jeung indung budak. Di dapur,
kuring jeung manéhna bisa silih asaan rasa. Pasakan manéhna, pasakan kuring,
pasakan duaan. Tempat sagala rasa pagaliwota. Tempat sagala rasa jadi sungapan
tresna. Amis, haseum, asin, lada, kalan-kalan kudu ngasaan pait peuheurna rasa.
Siga tresna.
Dapur. Tempat kuring jeung manéhna nembrakkeun jati diri. Jadi diri
sorangan nu basajan. Ngalaan sakur atribut kalungguhan jeung seragamna, ngaleupaskeun
panghormat ti batur kana sakur kaluhungan diri. Najan pikeun saheulaanan. Laju diganti
ku celemék kucel tapi mungguh matak genah dipakéna.
Dapur. Tempat kuring bisa makihikeun samudaya kamotékaran jeung
karancagéan. Nyipta sagala rasa, ambengkeuneun dina méja makan. Pasakan nu basajan,
dipasak kalawan daria, namplokkeun samudaya tresna sangkan pagalo jeung bahan
pasakan, ngagalindengkeun kaasih sangkan awor jeung ngagolakna sayur atawa
ngajorojosna minyak panas. Nepika asak, diambengkeun, dahar balakecrakan.
Dua puluh lima taun kalarung. Di dapur basa harita, kuring sasarina
mantuan manéhna. Nangkeup geugeut ti tukang nu keur ngocékkeun sayur. Atawa
sarua pada-pada nyumput mun keur ngagoréng lauk sieun kapétél minyak panas.
Ngupahan nu rambisak balas nyiksik bawang beureum atawa ngubaran tatu alatan
kakeureut péso. Dalit. Lir coét jeung mutu nu salawasna babarengan.
Dua puluh lima taun kalarung. Di dapur basa harita, sasarina paduduaan ninyuh
kopi sanggeus rérés Sholat Subuh. Silih tukeur kamandang. Ngeunaan sagala rupa
nu karandapan di tempat gawé. Sagala rupa nu jadi bangbaluh dina kahirupan. Ngadumaniskeun
sawangan, ngamprokkeun pamikiran nu teu sapagodos pikeun ditungtik mana nu kudu
dipilih di antara pilihan nu aya. Kalan-kalan aya hal nu teu bisa
dipatotoskeun, pada-pada nyidem katugenah. Ngan sasarina mun geus pada-pada
nyuruput cikopi, sok pada-pada léah sabihari. Milih jalan nu mana nu panghadéna?
Sok aya waé jalanna. Sanajan ilaharna amprok deui jeung jalan nu salah.
Dua puluh lima taun kalarung. Di dapur kuring jeung indung budak
pada-pada silih nimukeun katengtreman jeung kamarasan nu teu bisa dibeuli jeung
diukur ku materi. Di dapur, kuring jeung manéhna ngabeberah manah tur rékréasi
jiwa. Ngareureuhkeun kacapé gawé jeung tina bayeungyangna kahirupan. Seuneu
tina kompor siloka pikeun ajeg ngagedurkeun sumanget hirup nalika kanyataan teu
luyu jeung impian. Samara bodas, konéng, jeung beureum katut samara panyeungit
lianna siloka warnaning jeung getering tresna urang duaan.
“Éta sinduk pangkadieukeun, Bu!” ceuk kuring bari ngawurkeun uyah jeung
gula kana sop. Nu disebut “ibu” ilang tina titingalian. Teg, kuring
ngayakinkeun diri yén manéhna geus taya dikieuna, lima taun katompérnakeun.
Kuring mawa sinduk sorangan dina erak. Ngahuleng sakedapan bari neuteup korsi sagedéngeun
erak. Lebah dinya, manéhna sok imut
ngaheureuyan kuring. Tuh, ayeuna ogé samar-samar raga manéhna kokolébatan. Manéhna matuh aya di
dinya maturan masak. Asa nunutur kongkolak panon. Ngajak imut bari curuk
nununjuk kana kompor. Kuring ngarénjag sop ngagolak umpal-umpalan. Seuneu
dileutikan. Haté ngarérépéh nu gegebegan. Pikiran weléh tibelat ka manéhna.
Sabot kuring keur ngasaan sayur, kapireng aya sora nu keur nyiksikan.
Mungguh, karasa pisan manéhna aya tukangeun kuring. Barang dilieuk ku juru
panon, manéhna imut, bari ningalikeun bawang beureum nu geus disiksik. Siga nu
nitah pangagoréngkeun. Kuring nagenkeun katél dina tungku gigir panci eusi sop.
Cur minyak saeutik. Ngagoréng bawang keur murulukan sop sangkan seungit.
“Éta seuneuna ulah gedé teuing bisi tutung bawangna!” ceuk hiji sora nu
lana sok maturan. Kuring unggeuk laju ngaleutikan seuneu.
Wanci pasosoré masak téh. Asa teu pira, pilakadar goréng daging hayam,
goréng témpé, katut sayur sop. Kungsi éta gé aya pikiran kabandang meuli asakan
ka warung nasi atawa ngarangkid lanjang pikeun masak. Tapi kuring kudu kayid. Satékah
polah masak unggal poé keur budak hiji-hijina. Tuhu kana amanat jenatna.
Dua puluh lima taun kalarung jeung kiwari, porsi dina méja makan téh
sarua. Dua porsi. Bihari pikeun kuring jeung manéhna. Kiwari pikeun kuring
jeung budak. Sanajan umurna geus saparapat abad, angger wé asa ka budak leutik.
Ngan henteu wé ari kudu bari jeung dihuapan mah.
Ti mimiti nyiar tur milah pasakeun tug nepika ngolah kalayan hadé. Sangkan
hidep hurip walagri. Awak nu walagri sungapanana tina dahareun nu séhat,
dahareun nu séhat sungapananan tina pasakan nu séhat.
Basa hidep diistrénan jadi koas dokter di rumah sakit Bogor, bapa mah
ngeluk tungkul bari ngadunga. Mugia, indung hidep bagja. Mugia indung hidep teu
kuciwa kana cara bapa ngatik hidep.
Mun hidep nyelang balik ka Bandung, keur peré digawé siga ayeuna, sok
sagala disampakkeun. Saéstuna ieu tarékah kakayid hiji bapa nu kari nyabeulah
pikeun tuluy ngipuk hidep ku katresna nu ngan dua porsi.
Strés sabab unggal poé diperedih sangkan gawé telik, soson-soson, cerdas,
rikat, tur disiplin sabab pakait jeung nyawa batur. Geus puguh uduh duit mah,
poé rebo poé Jumaah. Béak kebo, béak sawah.
Bihari, bapa ngan saseméster bisa diuk di korsi mahasiswa kedokteran téh.
Bapa gé sarua, udagan téh hayang jadi dokter nu bisa nulung sasama.
Ditataharkeun ti keur SD kénéh. Kawatesanan biaya. Antukna éta udagan peunggas
méméh jadi kanyataan. Harepan ngarangrangan tina dahan udagan. Leuwih hadé
pindah kuliah ka jurusan nu leuwih murah, jurusan apotéker bari digawé pikeun mantuan
kolot ngabiayaan adi-adi nu sakitu rendeyna.
Hidep. Moal ngalaman peunggas kuliah kedokteran. Bapa nu jadi tandonna.
Keun, salila jiwa masih dina ragana, bapa bakal nyubadanan sakur biaya kuliah
hidep nepi ka jucungna. Ulah salempang.
Kiwari, bapa geus tunggang gunung. Sanggeus balik ti apoték sasarina tuluy
masak. Nyadiakeun dahar peuting keur hidep. Sanajan hidep sok kéképéhan hayang mantuan
masak. “Lalaki gé kudu siga bapa bisa di dapur,” ceuk hidep hiji mangsa. Ngan
kuring nyaram. Kajeun teuing ku sorangan. Hidep sina leleson, maén game,
nongton TV, gogoléran, atawa teteleponan jeung babaturan.
Kompor dipareuman. Bawang goréng seungit ngahiliwir, dipurulukkeun kana
sayur sop. Ngangkat pancina, niat rék diambengkeun dina méja makan. Teu kahaja
nincak ubin baseuh, nyorodot. Tisolédat. Sayur sop sapanci nu panas tamplok kana pingping, tuur, parat
nepi ka bitis jeung suku. Kuring ngocéak, panci ngagombrang, awak leuleus lir
dipupul bayu. Budak luncat, nyampeurkeun. Teu inget deui naon nu karandapan.
Sabab kuring kaburu kapiuhan, teu inget di bumi alam.
“Bapa, geura gugah. Hayu urang mulih ka bumi. Bapa geura séhat
sapapaosna.” Kadangu sora budak nyegruk ceurik, karasa nyuuh kana tonggong
dampal leungeun. Ngan kuring teu bisa beunta. Sanajan kitu, pikiran mah masih
bisa ngawawaas.
“Bapa, tos dugi ka danget ieu waé bapa masak ku anjeun.” Karasa aya nu
baseuh kana ramo. Hayang ngisedkeun curuk gé teu bisa. Lir aya nu ngaheumpik
beurat naker dina raga téh. Sanajan kitu, jeroeun diri mah masih bisa cumarita.
Les-lesan, antara sora nu keur nyegruk ceurik téh. Hawar-hawar paselang
jeung sora halimpu wanoja ti kajauhan nu ngabagéakeun.
“Aang, yap ka dieu. Baturan Enéng di dieu. Geura bébérés ngalekasan
samudaya pancén. Naha Aang teu hoyong paduduaan sareng Enéng?” cenah ngaharéwos
halon naker.
“Bapa, sasih payun abdi badé diistrénan jadi dokter di rumah sakit luyu
jeung dunga-dunga Bapa. Hayu urang mulih. Urang nataharkeun kaperyogianana,” sora
jajaka paselang jeung sora wanoja nu tadi.
“Aang, trésna nu nyanding suci salalawasna tumetep aya dina kukumbul
kalbu. Hayu urang sasarengan nyipta rasa nu kungsi dipiara,” sora wanoja beuki
ngadeukeutan, karasa tembres kana getering rasa.
“Bapa, lain ayeuna mangsana pikeun taluk sumerah kana panyakit jantung
jeung tatu alatan kabanjur cai panas. Lain ku cara kieu Bapa sadrah. Bapa bakal
nyorang jalan panjang. Bapa bakal nyakséni kuring jadi dokter, kuring ka balé
nyungcung, jadi hiji salaki, jadi hiji bapa. Bapa bakal bagja jeung anak incu,”
sora jajaka beuki ngajauhan sanajan masih jéntré kadanguna.
“Aang, geura pungkas samudaya kasakit jeung kapeurih. Aang tos lulus
matéakeun samudaya kakayid enggoning nyumponan amanah Enéng. Enéng bagja boga
salaki siga Aang. Mugia urang ditakdirkeun deui pikeun babarengani di dieu,” sora
wanoja mingkin deukeut, mingkin dipikawanoh, asa-asa sora lawas nu kungsi
maturan inghak jeung barakatak.
“Bapa!”
“Aang!”
Dua sora awor kana lelembutan. Ngumpul dina embun-embunan. Leng, pikiran
beuki beurat. Nging, aya sora nu ngahiung tarik liwat saking. Siga sora sééng
nyéngsréng raksasa deukeut pisan kana liang ceuli.
Lir adegan nu dipindo. Bréh budak lalaki olol lého keur cingogo
hareupeun hawu. Sukuna belewuk teu disendal, kaos sangsangna kuleuheu bari geus
rangsak. Keur kepoh-kepoh niup songsong. Lebu jeung silalatu ngarapung
ngalingkupan sakur titingalian.
Bréh hiji mahasiswa kedokteran nu keur sumegruk ceurik bari nampanan
lalancipna girimis hareupeun gedong fakultas kedokteran. Méga kulawu, laun-laun
hujan beuki ngagebrét. Lantis maseuhan bari ngarungkupkeun hawa tiis.
Bréh dua porsi pasakan ngebul kénéh dina méja makan. Hawar-hawar kapireng
aya nu cacamuilan, aya inghak jeung cacakak anu maturan saban balakecrakan.
Sorana awor minuhan unggal juru dapur.
Bréh deui dapur, hawu, jeung gumujeng indung. Lebu jeung silalatu teu
weléh ngarapung ngalingkupan sakur titingalian. Sampurasun ka alam peteng, nu
ngarampésan iwal cahya.
Kahatur Bapa A. Satyana
Nanggeleng,
19 Februari 2018

Komentar
Posting Komentar