Bulan nu Ngempray
Carpon:
Anggi Novia Dewi
Di terminal, pangreureuhan antara nu mulang jeung nu miang. Di dieu, aya
kasono nu hamo bisa dicacapkeun kalawan anteb. Boa salawasna hamo bisa dicacapkeun.
Aya geter tresna nu hamo bisa dikedalkeun kalawan jujur. Boa salawasna hamo
bisa dikedalkeun.
Nalika rema-rema patarema. Nalika harepan papahareup jeung kanyataan. Nalika
bulan ngempray handapeun langit nu peteng. Nalika bulan ngempray luhureun urang
duaan. Taya kecap nu bisa dikedalkeun, iwal teuteupan nu nyeureud nyéak panas
saawak-awak. Tuluy malieus nutupan samar polah. Taya kecap nu bisa dikedalkeun,
iwal gumuruhna rasa jeroeun dada nu pagaliwota.
Boh manéhna boh kuring, pada-pada surti yén ieu rasa teu ilahar. Samalah
kudu gancang disinglar sing jauh alatan sababaraha hal nu teu lumrah jeung
batur. Kuring awéwé sawawa, manéhna lalaki sawawa. Sarua pada-pada ngemu rasa
katugenah. Pada-pada ngarandapan kasusah. Manéhna karék ditinggalkeun ku
pamajikanana nu tilar dunya. Kuring karék pipisahan sacara sah jeung nu indit
ngalajur napsu. Ngan, kuring jeung manéhna dipisahkeun ku jurang nu
lungkawingna teu katempo ku panon. Jurang nu lungkawingna ngan kaukur ku
dadasar haté jeung rasa rumasa.
“Néng, Abah wangsul ayeuna. Beusna tos ngantosan.”
Enya, naon atuh harti kuring keur anjeun? Ngan saukur mantan murid. Jaba
geus ampir tilu belas taun teu panggih. Kakara dipanggihkeun deui dina facebook
sataun katompérnakeun. Éta gé teu dihaja, aya postingan babaturan nu ngaliwat
dina beranda facebook kuring. Éta postingan téh ngamension jenenganana. Guru
kuring baheula waktu SMA.
Enya, naon atuh harti kuring keur manéhna? Ngan saukur guru manten. Sok
sanajan ceuk batur, guru mah moal aya nu disebut manten. Komo kiwari taya
pangkat taya kawasa, ngan saukur pangsiunan, dua taun lilana. Manéhna ménta
jadi babaturan di facebook sataun katompérnakeun. Diklik. Manéhna ngamessenger ngahaturkeun
nuhun geus diangken jadi babaturan. Muga manjang silaturahmi cenah.
Taya rasa nanaon nalika kuring mimiti ditarima jadi babaturan di
facebook. Ngan kuring asa reueus bisa ningali anjeun. Ningali kagiatana.
Ningali pagawéanana sanggeus pangsiun. Maca statusna. Maca tulisanana nu naék
citak dina sawatara koran jeung majalah. Maca pamadegan tur pola pikirna. Maca
kahirupanana. Maca dirina. Blég, asa ningali anjeun waktu di kelas keur
ngawulang. Kokolébatan sagala nu dicarioskeun jeung paripolahna baheula.
Nginget-nginget saha manéhna? Lebeng. Nu mana? Angkatan sabaraha? Naha
kuring méré peunteun alus atawa goréng? Naha kuring kungsi muji atawa nyarékan
manéhna? Les wé, poho. Angot basa geus ningali foto manéhna dina albeum
unggahana, pangling. Manéhna geus jadi pagawé bank. Wanoja karir nu mandiri
tur, geulis.
“Néng, badé ngiring?”
Kuring gé nyaho, éta mah lain kalimah pananya atawa pangajak nu lumrah
dikedalkeun ti hiji lalaki keur wanoja nu dipikacintana. Ieu mah ngan ukur méré
basa yén anjeun rék geura-geura naék kana beus nu geus nungguan. Panggih
munggaran sanggeus welasan taun. Naha haté bet jorojoy beuki kataji ku rasa
héman tur nyaahna? Karasa pangbeberah jeung panglelebahna keur kuring. Komo basa
kakarak pisan pipisahan jeung salaki mah, matak tembres kana lulurung sukma. Anjeun
sakitu merhatikeun kana hal-hal nu leutik. Ngajénan ka kuring. Tur bisa
nempatkeun kuring salaku wanoja nu kudu ditangtayungan. Cindekna, kuring
ngarasa betah jeung merenah dibarengan ku anjeun.
“Mangga, wilujeng. Sanés waktos mugi tiasa.”
Geuning manéhna siga nu méré harepan? Sanes waktos cenah. Hartina
manéhna miharep hayang panggih deui? Hartina manéhna merhatikeun kuring. Hartina...,
lah kuring moal waka nebak-nebak haténa. Ngan nalika ngobrol jeung manéhna, boh
dina facebook, dina wa, boh ayeuna panggih langsung, kuring ngarasa betah tur
merenah. Caritaan kuring didangukeun. Unggal poé manéhna pasti nanyakeun,
damang? Nuju mancén naon? Tong hilap netepan. Tong hilap tuang. Atawa geura
kulem. Boa ieu téh tandaning, trésna? Lah kétang, maenya wanoja geulis resep ka
aki-aki. Pantesna gé kuring jadi bapana deuih.
Kuring ngambung panangan anjeun. Siga baheula, basa kelas dua SMA, basa
dibagi raport ku anjeun. Tumaninah. Kalayan rasa panghormat nu enya-enya. Ngan
bédana, baheula mah haté ratug tutunggulan sabab bungah meunang réngking di
kelas. Ayeuna, haté masih ratug tutunggulan ngan pédah aya hal nu mimiti
nyaliara dina sukma. Boa cinta? Kuring sorangan gé masih cangcaya.
Manéhna salim mani anteb. Rasa
kiwari bet sarua jeung bihari basa kuring mimiti amprok jeung almarhum
pamajikan. Aya rasa nu nyéak kana dada basa réma-réma pataréma. Aya sora haté
nu mimiti galécok tumanya, naha? Aya rasa nu sumarambah ngahudangkeun
geter-geter haté basa tarangna antel kana tonggong leungeun. Kuring hareugeueun
méméh manéhna cengkat tuluy imut. Nyésakeun rénjagan. Boa enya ieu téh, tresna?
Kuring sorangan gé masih cangcaya.
Anjeun uninga teu? Asa ngimpi, kuring bisa panggih téh. Baheula, basa
kuring diwalikelasan ku anjeun, awal caturwulan mah teu asup réngking. Ngan
anjeun méré sumanget, ngageuingkeun
kuring nu geus embung diajar, ngagedurkeun deui pentingna rajin sakola,
ngarojong sakur minat kuring pangna dina ekstrakulikuler majalah sakola. Nepi ka
kuring nimukeun deui rasa resep diajar tur bisa tamat sakola. Asup ka hiji
universitas negeri jurusan pendidikan da hayang siga anjeun. Nepi ka kuring
bisa digawé sanajan teu luyu jeung ijazah. Nepi ka kuring jadi wanoja nu bisa
mandiri. Kuring nu ayeuna nangtung hareupeun anjeun.
Barang amprok papahareup, kuring karék inget. Manéhna siswa nu kungsi
bermasalah di kelas. Asana mah indungna maot bapana kawin deui tur ninggalkeun
barudakna. Nepi ka manéhna turun réngking, embung sakola. Ngan kuring poho,
naha naon nu geus diucapkeun atawa nu geus dilakukeun pikeun nulungan manéhna.
Cindekna, kuring reugreug. Manéhna geus bisa siga ayeuna.
Unggal hal, bakal tinemu jeung takdirna séwang-séwangan. Siga ayeuna,
kuring dikersakeun panggih jeung anjeun. Panggih di terminal Sukabumi. Jam lima
soré. Handapeun langit nu sumedeng hibar. Anjeun mulang ti Hotél Selabintana,
jadi pematéri dina pelatihan. Rék nuluykeun lalampahan, mulang ka Bandungkeun. Sakitu
kuring nawarkeun sangkan anjeun kersa kulem sawengi waé mah di Sukabumi. Keun,
kuring nu reservasi hotélna. Anjeun angger gideug. Da geus pamohalan lamun kudu
kulem di imah kuring mah. Kahiji anjeun batur tur lalaki sawawa, kadua kuring randa
nu salawasna dicap kurang hadé ku nu lianna.
Manéhna kéképéhan hayang panggih heula méméh kuring balik deui ka
Bandung. Ku kuring dienyakeun. Ngan wayahna waktuna ngan sajam. Sabot kuring
ngadagoan beus nu rék mangkat. Mahanan oléh-oléh mani kuat dua kantong.
Ngomat-ngomat ulah nepi kandeg ngobrol dina wa alatan manéhna hariwang cenah.
Enya, kuring aki-aki wawanianan lunta ka peutingnakeun.
“Mangga, Néng dikantun. Urang pendak deui engkin nya!”
Anjeun naék kana beus. Kuring nyérangkeun léngkahna nu gandang. Tonggongna
angger kénéh sambada. Ku kituna mah da rajin olah raga jeung naék gunung. Matak
jagjag waringkas. Asa bakal merenah mun kuring bisa ceurik dina tangkeupanana.
Mudalkeun sagala karungsing. Unggal kuring nyanghareupan masalah nu kacida
rongkahna, anjeun lir malaikat nu datang tuluy nuyun boh bihari boh kiwari.
Kahirupan kuring nu asa pajurawet, saéstuna geus aya nu ngatur kalawan alur
carita nu ngaguluyur. Éndah!
Kuring diuk di bangku hareup bari ngalahun tas sabab sieun murag. Pangna
mah eusina aya laptop, tablet, tur hapé. Oleh-oleh ti manéhna mah diteundeun di
handap da beus gancang pinuhna. Manéhna masih ngajanteng di tempat nu tadi.
Basa kuring ngacungkeun leungeun, manéhna unggeuk bari imut. Beus mimiti
ngageuleuyeung.
Néng, mugia abah aya umur. Hiji mangsa nu mustari urang tepang deui.
Geuning dina waktu nu kacida samporétna, abah bet jorojoy boga rasa leuwih
nyaah. Ku ningali salira nu tawakal dina nyanghareupan rupaning cocoba, abah
ngarasa leuwih deudeuh.
Néng, saéstuna dina ieu kemba, abah ngaisyaratkeun mangréwu cumalimba.
Bulan nu cahyana keur ngempray jadi saksina. Ayeuna, abah can bisa wakca sabab
can pati yakin salira bakal miboga rasa nu sarua.
Abah, di dieu urang tepung jeung papisah. Ngamimitian naon-naon nu can
dimimitian. Mungkas naon-naon nu can dipungkas. Di terminal. Tempat
pangreureuhan antara nu mulang jeung nu miang. Saéstuna, haté kuring gorowong
ku tatu tan wujud. Ayeuna ditambahan nu rasa nu teu puguh wirahmana. Aya
kabungah bisa panggih, aya kasedih kudu pileuleuyan.
Abah, bihari jeung kiwari, nalika kuring bisa tepung jeung anjeun.
Kuring lir ibarat manuk leutik tan jangjang. Jangjang kuring aya nu
meunggaskeun ku pakakas tan wujud, kuring teu bisa hiber. Naon hartina manuk nu
teu dikurungan upama jangjangna geus dipeunggaskeun? Abah nu ngubaranana. Boa
abah mah poho atawa teu rumasa geus nulungan? Manuk leutik téh tuluy nangtung
bari ngumpulkeun deui bulu-bulu nu ngarangrangan.
Abah, naha ieu cimata jol-jol merebey haneut mapay-mapay pipi? Haté asa
digeurihan ku naon boa. Aya rasa lewang, nalika anjeun dibawa ngageuleuyeung ku
sora mesin tina beus ka kaanggangan. Nyésakeun kekebul nu ngarapung. Naha,
anjeun kudu datang bari langsung mulang? Nyésakeun kasono nu masih can cacap kaupahan.
Kiwari, ngan aya kuring, lamunan ngeunaan anjeun, jeung rasa nu pagaliwota.
Abah, naha kuring kudu ngawakcakeun ku ieu cimata? Yén salawasna
pipisahan bakal nyésakeun kapeurih nu taya hinggana keur nu nyidem cintana
sosoranganan? Cinta nu boa hamo bisa ngajadi di antara lungkawingna sagala hal
nu ngaanggangkeun. Atawa boa ieu cinta bakal siga beus di ieu terminal? Ukur
datang, reureuh, tuluy kudu miang deui.
Kahatur Abah
Nanggeleng,
19 November 2018
Midang dina
Manglé, 2715 (24-30 Januari 2019) Kaca 44

Komentar
Posting Komentar