Postingan

Menampilkan postingan dengan label cerpen

Dunia Maya

Gambar
Cerpen: Anggi Novia Dewi Maya, cinta untuk kita memang tercipta dalam bentuk lain. Tak seperti cerita cinta klasik,   Zainab dan Hamid dalam novel Di Bawah Lindungan Ka’bah . Juga tak seperti cerita cinta generasi milenial, Dilan dan Milea. Definisi cinta kita berubah-ubah. Hujan, mungkin begitulah cinta kita. Kadang rinai bahagia, kadang gemercik berlagu pilu. Api, mungkin juga begitulah cinta kita. Kadang menggebu-gebu penuh nafsu. Kadang hanya seberkas binar cahaya di ruang gelap. Mungkin hanya air, begitulah cinta kita. Menyejukkan bila kita kehausan, namun berubah jadi ganas bila diperintahkan untuk melahap satu peradaban. Mungkin juga hanya tanah, begitulah cinta kita. Selalu memberi kebaikan walau yang terima adalah luka. Aku tak bisa membuktikan secara empiris, apakah aku ketagihan lalu sekarat bila kau tak ada? Namun aku dapat memastikan bahwa hampir seluruh duniaku hilang jika kau tak di   sini membersamaiku. Berlebihankah? Maya, dirimu apatah adanya...

NU NEUTEUP SATUKANGEUN

Gambar
Carpon: Anggi Novia Dewi Teuteupna, teuteup asih. Karasana tembres kana geter-geter haté. Teuteup kanyaah ti anjeuna, nu ngiwat panon batin nu nempona. Sok sanajan éta paneuteup téh lamur, sabab umur jeung panyakit socana. Upama ditingali ti kadeukeutan, kornéa socana méh katutup ku lamad bodas.      Imutna, imut héman. Karasana sumarambah kana lulurung sukma. Imut deudeuh ti anjeuna, nu ngabandang mamaras rasa. Kuring hayang males imutna, imut nu sarua nu dikaluarkeun tina rasa bungah. Anjeuna téh, Nini Jubaédah. Hirup kari nyabeulah. Pangnénéh ti anak katut incuna, Nini Ito. Kuring gé tatanggana, nurutan wé nyebat Nini Ito. Mun pareng aya nu ngaliwat ka hareupeun buruanana, anjeuna sok neuteup anteb bari tumaros, “Saha? Ngén ka dieu!” cenah. Bumi anjeuna téh di tukangeun imah kuring. Mun dibasakeun mah kahitutan, bumi anjeuna téh. Mun kuring nu ngawangun ieu imah mah, moal nepi ka ngahalangan cahya panonpoé keur batur. Ieu mah abong meuli geus jadi. Matak s...

Nu Nyérangkeun ti Kaanggangan

Gambar
Carpon: Anggi Novia Dewi Kuring teu pati inget, ti umur sabaraha ngamimitian ieu pagawéan. Sabab méh ampir unggal lambar ingetan dieusian ku mangpirang hal nu tumali jeung runtah sarta barang nu geus dipiceun. Hirup dalit jeung bauna. Atawa hangru nu kalan maturan saban rénghapan. Laleur nu ngagembrong alas. Bilatung nu kalan bijil narémbongan dina taneuh titincakan. Cileuncang nu hideung ngeyembeng atawa rurujit nu katempo sarérétan. Kabéh gé apan geus ilahar deui.   Pon kitu deui jeung pagawéan Apa kalih Ema, lanceuk, aki nini, jeung tatangga. Kabéh gé sarua, tukang mulung. Kungsi kuring ngadangu jalma ngawangkong di warung kopi, harita keur mulung gelas palastik urut dina wadah runtahna. Arinyana nyarita yén jaman kiwari, barang nu pangmahalna téh logam mulia. Duka teuing nu kumaha éta barang téh. Ngan kuring sok digelendut ku Ema sangkan jadi jalma nu mulia, jalma nu hadé ka kolot. Pamustunganana kuring nyieun kacindekan sorangan, jalma nu hadé ka kolot téh bakal jad...

Dua Porsi Tresna

Gambar
Carpon: Anggi Novia Dewi Dapur. Tempat romantis pikeun kuring jeung indung budak. Di dapur, kuring jeung manéhna bisa silih asaan rasa. Pasakan manéhna, pasakan kuring, pasakan duaan. Tempat sagala rasa pagaliwota. Tempat sagala rasa jadi sungapan tresna. Amis, haseum, asin, lada,   kalan-kalan kudu ngasaan pait peuheurna rasa. Siga tresna. Dapur. Tempat kuring jeung manéhna nembrakkeun jati diri. Jadi diri sorangan nu basajan. Ngalaan sakur atribut kalungguhan jeung seragamna, ngaleupaskeun panghormat ti batur kana sakur kaluhungan diri. Najan pikeun saheulaanan. Laju diganti ku celemék kucel tapi mungguh matak genah dipakéna. Dapur. Tempat kuring bisa makihikeun samudaya kamotékaran jeung karancagéan. Nyipta sagala rasa, ambengkeuneun dina méja makan. Pasakan nu basajan, dipasak kalawan daria, namplokkeun samudaya tresna sangkan pagalo jeung bahan pasakan, ngagalindengkeun kaasih sangkan awor jeung ngagolakna sayur atawa ngajorojosna minyak panas. Nepika asak, diambeng...