Nu Nyérangkeun ti Kaanggangan


Carpon: Anggi Novia Dewi

Kuring teu pati inget, ti umur sabaraha ngamimitian ieu pagawéan. Sabab méh ampir unggal lambar ingetan dieusian ku mangpirang hal nu tumali jeung runtah sarta barang nu geus dipiceun. Hirup dalit jeung bauna. Atawa hangru nu kalan maturan saban rénghapan. Laleur nu ngagembrong alas. Bilatung nu kalan bijil narémbongan dina taneuh titincakan. Cileuncang nu hideung ngeyembeng atawa rurujit nu katempo sarérétan. Kabéh gé apan geus ilahar deui.
 Pon kitu deui jeung pagawéan Apa kalih Ema, lanceuk, aki nini, jeung tatangga. Kabéh gé sarua, tukang mulung.
Kungsi kuring ngadangu jalma ngawangkong di warung kopi, harita keur mulung gelas palastik urut dina wadah runtahna. Arinyana nyarita yén jaman kiwari, barang nu pangmahalna téh logam mulia. Duka teuing nu kumaha éta barang téh. Ngan kuring sok digelendut ku Ema sangkan jadi jalma nu mulia, jalma nu hadé ka kolot. Pamustunganana kuring nyieun kacindekan sorangan, jalma nu hadé ka kolot téh bakal jadi jalma nu boga barang mahal.
Kungsi ogé ngadangu jalma guneman di tepas hiji kantor, nalika keur mulung kertas jeung kardus dina wadah runtahna. Arinyana nandeskeun yén barang nu pangmahalna téh privasi. Duka teuing nu kumaha ari privasi. Ngan kuring sok ngadangu saliwatan, Ema ngaéh ka Apa hayang tivi. Enya meureun tivi téh sarua mahalna jeung privasi, nepi ka Apa can bisa nedunan kahayang Ema.
 Gawé téh mulung unggal poé. Upama teu kitu, hamo bisa dahar. Pirang untung boga baju nu nerap ‘na awak gé. Mun téa mah loba ngangluh horéam mulung alatan teu geunah awak, tangtu Ema bakal gegerendeng, “bakal aya waé nu nyababkeun ieu kahirupan teu sugema téh. Nya memang kitu, Mantenna nyipta kahirupan dunya ku numuwuhkeun rasa gering di antara séhat, rasa lapar di antara wareg, tur rasa kakurangan di jeroeun dada. Pancén urang lain keur sumerah kana kaayaan nu méh teu méré pilihan. Pancén urang kudu ajeg nyanghareupan poé isukan.” Kuring teu pati maham kana éta kekecapan, da Ema sok laju nitah saré. Ngan sakali apa ngabentikkeun curukna, masing sakumaha gering gé, orokaya kuring kudu indit mulung.    
Apa gé sok talatah, “pék pulung nu enya-enya geus dipiceun ku nu bogana. Tong puak-paok. Ngan nalika di jajalaneun balik aya jalma nu kaciri leuwih butuh, pék bikeun. Saha nu nyaho, barang nu geus dipiceun ku batur, keur nu lian mah aya kénéh mangpaatna.”  
Nalika mimiti mulung, kuring sok salah nyokot. Apa jeung Ema sok tuluy nitah neundeun deui harita kénéh. Buru-buru saméméh panonpoé meleték. Sasarina mulung téh janari, méméh dayeuh disampeurkeun komarana.
Hiji janari leutik, lanceuk kungsi salah mulung. Ceuk manéhna, dua poé méméh mulung sapasang sapatu nu lumayan hadé kénéh, éta sapatu téh padangantep di sisi jalan komplék. Ceuk pamikir manéhna, éta sapatu téh geus dipiceun ku nu bogana. Nyatana éta sapatu jadi pamancing warga komplék keur ngahongkeun tukang maok.
Harita lanceuk nu karék mulung sapatu digarebugan warga. Ditonjok ti ditu ti dieu. Teu maliré nu ceurik ampun-ampunan. Balik ka imah téh awakna bariru, tur getihan dina pipi jeung sirahna. Baju nu geus puguh leuseuh téh saroéh. Jaba kebul ku taneuh, jeung beureum tapak getih. Untung bisa kabur gé nepi balikna.
Dua poé ngaringkuk teu walakaya di bédéng, lanceuk nepi ka henteuna, maot sateuacan dibawa ka rumah sakit sabab taya biaya. Kulawarga sungkawa, Apa nyidem handeueulna. Kuring jangji dina haté nu keur meujeuhna sungkawa, rék mulung dina wadah runtah hungkul.  
Mingkin lila mulung, mingkin maham mana runtah nu bisa dijual deui sangkan ngahasilkeun duit. Mangréwu janari, mangréwu pangalaman nu karandapan. Apa jeung Ema salawasna ngingetan sangkan ngutamakeun kajujuran. Sangkan ati-ati nalika mulung.  
  Hiji janari leutik, kuring, Apa, jeung Ema geus sayaga rék mulung. Indit babarengan, tuluy papisah di alun-alun. Teu talangké kuring gé mawa karung. Leungeun geus saged maké sarung. Tongkat pangait gé geus dicekel. Kudu ati-ati pisan ngagunakeunna, sabab puhuna nu seukeut sok disalahgunakeun mun kaayaan teu nguntungkeun. Misalna mun parebut wilyah kakawasaan.
Béntang tingkariceup dina petengna langit. Cahyana katara kakalicesan ti kaanggangan dina simpéna peuting. Saules aya gerentes sok hayang mulung béntang. Apanan béntang gé taya nu ngaboga-boga? Ngan sok kandeg, nalika sadar yén nu dipiboga ngan ukur tongkat pangait lain tongkat ajaib pikeun ngajul béntang.
Kalan-kalan kuring gé hayang mulung bulan. Nalika bulan sapasi, kuring sok resep neuteup sajongjonan. Kalan sok diimeutan, ganti peuting, bulan minda rupa jadi meujeuhna mabra atawa tuluy ilang. Apanan bulan gé taya nu ngaboga-boga? Ngan sok kandeg, nalika sadar yén ieu réma kacida kotorna.  
Nalika béntang jeung bulan masih marengan di kaanggangan, kuring mimiti mulung. Leumpang ka mana waé ieu suku ngaléngkahna. Kalan-kalan tongkat pangait gé geus siga radar. Ieu tongkat néangan runtah sorangan. Nalika aya runtah, ngait sorangan, siga semprani.
Kaayeunakeun mah runtah téh beuki numpuk di unggal juru luareun pager, wadah runtah, kantong kérésék, atawa bacacar kitu waé. Lain runtah nu sasarina dipulung siga botol palastik, kardus, kertas, atawa sésa kadaharan nu geus diacak ucing atawa digembrong laleur héjo. Kuring manggihan runtah ahéng. Kalan-kalan numpuk pisan, kalan-kalan ngan saeutik tapi bau kacida. Nepi ka laleur gé embungeun eunteup.
Mimiti manggih runtah ahéng, awak ngahodhod. Jol lungsé bari ampir-ampiran kapiuhan. Bet teu nyangka aya jalma nu miceun runtah kawas kitu. Aya naon atuh dina eusi sirahna? Aya naon deuih jeung eusi sirah kuring? Naha tuluy rieut? Nénéangan runtah nu sasarina dipulung sihoréng teu manggih waé.
Janari harita kuring balik mawa karung nu kosong kénéh. Tambah hélok sabab Apa teu bendu. Anjeuna miwarang balik deui isukna. Isuk-isukna ibur salelembur, padanyangka kuring geus diusap makhluk nu teu katempo jirimna. Nu sok ngaririwa ka unggal pamulung mun ngaliwat ka wangunan kosong urut hotél tungtung dayeuh nu misahkeun jeung lembur.
Peutingna kuring ngimpi, panggih jeung almarhum lanceuk. Manéhna mamatahan sangkan kuring gé daék mulung runtah ahéng, “jaman kiwari mah, runtah ahéng kitu gé kudu dipulung.”
Kuring ngoréjat bari késangan saawak-awak. Ampir sapoé jeput ngabayangkeun runtah ahéng jeung omongan lanceuk dina ngimpi téa. Nepi ka harééng, tuluy seueul, titingalian asa ranyay. Basa janari leutikna kuring angger indit mulung sanajan awak masih muriang. Karunya ka Apa jeung Ema. Sabab mun teu kieu, tangtu moal bisa dahar.  
Ngaduakalian manggih runtah ahéng téh. Sakedapan kuring neuteup bari ngabirigidig. Béntang jeung bulan masih maturan di kaanggangan. Hiliwir angin janari nu nyelecep nambahan kagimir dina diri. Lalaunan aya nu ngaharéwos bari teu katempo jirimna, “tong ieuh sieun ku nu kitu. Geura pulung. Éta runtah ahéng téh runtah kajujuran.”
Kuring asa teu napak, pangacian boa ka mana ngilesna. Ningali runtah ahéng. Wujudna siga bayah nu geutihan kénéh. Bauna niruk kana irung siga bangké manusa. Panonna lima siki tingkariceup. Obahna siga léntah. Kadaharanana bilatung. Nginumna cileuncang nu hideung. Dicobaan ditojos ku seuseukeut tongkat pangait téh gening nyantél.
Kuring tambah ngabirigidig ningali kitu téh. Ngan aya sora nu ngaharéwos deui, “naha anjeun nyaho, runtah kajujuran téh asalna mah siga berlian. Tingborélak. Hargana mahal. Seungit lir kembang di patamanan surga. Ngan sanggeus dipiceun ku nu teu bisa disebutkeun ngaranna, laju robah jadi runtah kajujuran nu ahéng katingalina.”
Ti janari harita kuring mimiti mulung runtah kajujuran. Sabab kajujuran geus jadi hal nu teu diperlukeun dina kahirupan maranéhna nu teu bisa disebutkeun ngaranna.
Janari satuluyna, kuring geus biasa mulung runtah kajujuran. Ngasupkeun kana karung nepi ka pinuhna. Ngangkutna gé beurat kacida nepi nyeri punduk. Tuluy dijual ka tukang loak. Ngan hanjakal, geuning nu lianna gé sarua mulungan runtah kajujuran. Nepi ka ngagunung di tukang loakna gé. Tangtu hargana gé jadi murah pisan.
Janari ayeuna leuwih tiris batan sasari. Anjing ngalanglaung nambahan kaketir. Lampu jalan ngempray. Dayeuh nu ditinggalkeun komara beurang. Ngan aya béntang jeung bulan sapasi nu maturan di kaanggangan. Karung gé gancang kaeusianna. Kuring buru mulang.
Di jajalaneun mulang, ningali satpam nu keur ngajaga hiji wangunan nu sok didarongdon demo masarakat. Éta satpam kaciri miceun mangkarung-karung runtah. Ceuk pamikir téh tangtu di jerona aya barang nu bisa dijual.
Kuring keketeyepan disatukangeun peteng rék mulung runtahna. Sababaraha anjing rarajeg nungguan pating garogog kalaparan. Taki-taki ngarewég eusi karung sanggeus kuring indit. Kitu sasarina.
Sihoréng éta runtah téh sahunyudan keretas. Keretas nu katingali hurupna padahayang laluncatan tina kecap-kecapna. Haté jejem. Néangan nu teu nyampak di antara hunyudan keretasna. Dikotéktak. Teu lila leungeun nimu amplop nu nyelap. Haté kacida bungangang sabab teu nyalahan. Amplop geuwat dicokot, dibuka eusina. Nyéh imut.
Almarhum lanceuk ujug-ujug ngajirim hareupeun pisan. Kuring ngagebeg bati ku reuwas. Bari dirungkupan ku kakeueung kuring ngadangu lanceuk cacarita, “maranéhna ngaréka-réka eusi keretasna. Kajadianana sarua siga baheula warga ngaréka carita sangkan kuring bisa kacerek deleg maling sapatu.” Lanceuk tuluy ngiles tina téténjoan. Kuring ngabirigidig sieun kajadian nu tumiba ka lanceuk bakal karandapan. Késang tiis mani ngoprot. Asa aya nu ngaheumpik kana dada ku itu ku ieu.
Kuring buru-buru indit najan léngkah asa karasa beuratna. Ninggalkeun hunyudan runtah keretas. Bauna ngahiek siga bangké manusa. Kabawa hiliwir angin peuting nu beuki simpé. Kuring laju indit beuki jauh ninggalkeun anjing nu keur ngarewég runtah keretas siga keur ngarewég daging tina tulangna. Saruka bungah ngabagéakeun dahareun nu aya.
Kuring masih leumpang nyorangan handapeun lampu jalan nu ngempray. Dayeuh nu ditinggalkeun komara beurang. Buru mulang. Ngangkut karung eusi runtah kajujuran. Sakedapan neuteup béntang jeung bulan sapasi di kaanggangan. Naha katingalina siga nu keur nyérangkeun polah sorangan? Hawar-hawar aya sora ti sajeroeun diri, naha kuring gé kaasup di antara maranéhna nu miceun kajujuran?
  
Kahatur Abah
Limbangan, 19 November 2018

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dua Porsi Tresna

BRAL

Anaking jeung Bulan Puasa