Anaking jeung Bulan Puasa
Carpon: Anggi Novia Dewi
Sumanget nataku. Bulan puasa ayeuna, si bungsu diajar
puasa tamat nepi ka maghrib. Budak umur tujuh taun, mani sok watir ningali
pépéréngkélan laparna. Komo lamun balik sasapédahan jeung baturna,
ngabeubeurang. Kadang katingali biwirna garing. Kajeun anyangan barbie wé atuh ceuk kuring téh. Tara
ngajawab, manéhna sok tuluy ngaléndé bari ménta diusapan, reup wé saré.
Hudangna téh engké lamun rék sholat dzuhur, geus sholat indit sakola TPA.
Sok sanajan direumbeuy ku paménta itu-ieu puasana téh.
Hayang baju lebaran dua, hayang hapé, hayang sapédah anyar téa mah, keun waé nu
penting daék puasa. Matak sok diwowoy gé. Song duitna, song dahareunana. Sagala
diaya-ayakeun keur anu diajar puasa. Malah sok nepika ditanyakeun engké buka
atawa saur hayang dengeun sangu naon.
Lamun rérés sholat ashar, cakah-cikih milu riweuh di
dapur. Nataharkeun keur buka. Hayang milu nyiksikan bawang, hayang milu ngagoréng
témpé. Ngambengkeun dahareun dina méja makan gé hayang ku sorangan. Palaur tamplok
wé kolekna.
Ari sagala geus diambengkeun, manéhna sok tuluy diuk
nanggeuy gado bari neuteup dahareun. Kadang sok katohyan diambeuan atawa
dicampaan, manéhna sok nyéréngéh garo-garo teu ateul. Bari pokna téh, énak
meureun nya.
Geus deukeut ka maghrib, pok deui pok deui manéhna
nanya, naha ka waktuna maghrib téh sabaraha menit deui. Tampolana ari geus
waktuna buka atawa saur mah, daharna téh saeutik. Ku indung bapana kénéh
dibéakkeunana mah.
Mun rék tarawéh, mani geus saged ti tabuh satengah
tujuh kénéh. Pokona geus tajil jeung solat maghrib tuluy manéhna dangdan. Heug
ditiung. Gundayan-gundeyen dierok, mawa sajadah jeung mukena. Sakitu
diengké-engké sina dahar heula ku kuring téh, éh da teu daék. Alesanana téh bisi
kaburu béakeun tempat. Engké wé dahar mah balik tarawéh cenah. Bapana
ngahenjigkeun. Kuring gé teu bisa kumaha.
Méméh indit, budak ménta duit keur ngéncléng jeung jajan.
Ari keur kuring mah asal budak daék tarawéh. Géus bagja haté téh. Ari geus
dibéré duit téh, celengok nyium leungeun mani kuat soraan. Ari tapakna mani
baseuh. Kayungyun wé nu aya. Bapana mah sok tuluy nyium tarangna. Bari pokna
téh, sing leres tarawéhna nya, tong heureuy komo ngagandéngan ngaganggu ka
batur mah. Teuing kadéngéeun teuing henteu, da budakna mah kaburu ngaberebet
lumpat nyampeurkeun babaturanana nu geus raéng nyalampeur.
Waktuna janari, sok teu wasa ngahudangkeunana.
Lalaunan bari diusapan. Diguyahkeun, kakara dibukakeun simbutna. Mun teu kitu
mah aya bahan ceurik embung janari. Sok dititah wudlu heula ku kuring téh
sangkan teu tunduh teuing. Gék dina korsi, lelenggutan deui. Tungtungna sok
dihuapan. Nu lelenggutan, lelenggutan. Nu ngahuapan, ngahuapan.
Sholat subuh, hayang jadi imam. Hayang ngabuktikeun ka
kuring cenah, yén manéhna geus apal bacaan sholat. Bapana jeung si cikal nu
lalaki mah da sholat di mesjid. Prak takbiratul ihrom mani khusyu, bacaanna
tartil. Ni’mat kacida sholat diimaman ku manéhna téh. Rokaat ka hiji maca surat
al-fiil, rokaat ka dua maca surat al-falaq. Mani lekoh téh qolqolahna.
Ari geus sababaraha poé diimaman sholat subuh ku
manéhna bét hantem éta suratna téh. “Gentos atuh énjing mah suratna nya. Pan tos
apal surat nu rada panjang ogé sanés?” ceuk kuring bari nilepan mukena. Jawabna
téh keukeuh, “éh, da upami diajar prakték sholat subuh di TPA gé, Pa Ustad sok
maca surat éta. Al-fiil sareng al-falaq.” Kuring ngan wasa nga”oh”keun bari
unggeuk bati kayungyun.
Ari si cikal, kawantu keur meujeuhna begér bulan puasa
ayeuna téh. Kuring mah api-api teu nyaho wé, lamun minyak seungit bapana dipaké
téh. Buuk dirancungkeun maké minyak rambut bapana, tara dikopéah mah,
sangkilang bogaeun gé. Baju koko unggal poé hayang salin. Ari indit tarawéh
embung bareng jeung indung bapa, manéhna mah sok pandeuri. Konci imah mah da
sok diteudeun dina juru pot kembang.
Hiji waktu mah, ditingali ti kajauhan ku kuring jeung
bapana téh, manéhna indit bareng jeung budak awéwé. Angkanan mah kabogohna.
Siga kalakuan bapana wé meureun baréto, ceuk kuring. Bapana nyenghél.
Béda deui cara ngabeubeurangna si cikal mah. Mimiti
mah sok ulin jeung babaturanana. Tuluy robah ulin ka warnét. Geus dihulag ku
bapana yén ka warnét téh keur budak saumur manéhna mah loba mudorotna. Naon anu
dibuka tina internet téh jauh tina mangpaat. Apan deuih sakola keur peré, jadi
moal aya pancén nu kudu ditéangan tina internét. Puguh gé jaman keur sagala
mararahal kieu, ngabangkarkeun kolot. Sabab anggaran keur budak ka warnét mah
taya ancoanana deuih.
Geus kitu, si cikal mindeng ngonci manéh di pangkéng.
Sugan téh saré, ari ditingali keur ngomé hapé. Kadang nepi ka lalanggiran,
untung teu nepika nonggéng gé. Kadang seuri sorangan, kadang kerung siga nu
mikir bari panon jeung ramo manco kana hapé. Ari ditanya téh keur chatting jeung babaturanana.
Mending saré ceuk kuring téh, da nu puasa mah saréna
ogé pahalaan. Dari pada méakkeun pulsa, atuh sarua kénéh nurut kana nafsu,
nurut ka syétan da awuntah kana duit. Jaba apan balik tarawéh téh manéhna mah
tara langsung ka imah. Kadang nepi ka tabuh sapuluh peuting da ulin heula
cenah. Geus balik ka imah téh tara langsung saré, kadang katingali masih ngomé
hapéna. Hésé dicarék ari budak keur meujeuhna belekesenteng kitu.
Teu bisa leupas pisan tina hapé téh. Geus puguh di
pangkéng, ka cai ogé mawa hapé da bari ngadéngékeun lagu. Kadang keur sholat gé
hapé téh diteudeun dina gigir pangsujudan. Ari waktuna aya sms, sholat nu
tadina anca téh jadi gurunggusuh da hayang geuwat muka eusina. Luak-lieuk, awéh
salam, ceg deui kana hapé lain dzikir.
Keuheul mah éta ari keur saur, masih kénéh ngomé hapé.
Geus puguh hésé dihudangkeun, ari waktuna dahar léléda pisan, jaba téréh imsak.
Atuh da, am sangu sahuap, ceg hapé. Uyuhan teu salah ngasupkeun sangu gé. Hiji
mangsa mah dikotéktak eusi hapéna téh. Aduh ieung, paingan resep nyo’o hapé da
eusina ogé ayang-ayangan jeung kabogohna.
Isukna dipapatahan ku bapana. Atuh puasa téh, keur
budak saumur manéhna mah kudu geus bisa ngundak kualitasna. Lain ukur bisa
nahan diri tina haus jeung lapar wungkul siga adina, tapi ogé kudu bisa ngajaga
haté jeung pikiran katut laku lampah jeung omongan. Kaasup bobogohan ngaliwatan
hapé. Enya puasana mah moal batal, tapi ngurangan kana pahalana. Tungtungna,
bapana moal deui pangngeusiankeun pulsa.
Sapuk ceuk budak téh, tapi bérés puasa hayang
dipangmeulikeun play station, atawa
netbook, syukur-syukur motor cenah.
Kahayang mah tong loba paménta ari geus gedé mah. Sing
surti kana kaayaan kolot. Sakitu kolot téh nyanghareupan bulan puasa, harga
ngararundak, bayaran sakola, jaba nyanghareupan lebaran. Ih, da lain deui jawab
si cikal mah, ari si dédé rék dipangmeulikeun sapédah anyar cenah. Berarti
hadiah lebaran Aa kudu leuwih alus. Sangkan saluyu jeung kebutuhan cenah.
Geus dua poé teu geugeut teuing kana hapé, tapi
sapopoéna téh ngan saré wé. Kuat hésé dititah sholat gé. Ngaahir-ahir waktu
sholat, geus téréh béak, kakara wudlu. Dipapatahan gé hésé, ngajawabna téh apan
saréna nu puasa mah pahalaan saur ibu gé cenah. Alah ieung, naha budak ayeuna
mah mani pinter upama ngabalik-balikkeun omongan kolot téh.
Mun waktuna
balik tarawéh téh ayeuna mah tara elat. Sok langsung balik ka imah. Ngan bari
mawa petasan jeung kembang api. Heug disundut di buruan hareupeun imah. Lain
atuh kuring nu rék saré téh hudang deui. Bapana nya kitu deui gandéngeun. Sok
sanajan salah sahiji pancén bapana téh ngarajia petasan, ari ka budak mah
keukeuh wé teu bisa.
Si bungsu nurutan hayang nyundut petasan jeung kembang
api. Kadéngé galécok jeung lanceukna. Lain atuh buruan téh nya bau merecon, nya
kebul ku haseup. Nu hiji bebeledagan matak racleng tai ceuli, nu hiji deui
tingbelesat pépérépétan hurung mancawura maturan tingkaretipna béntang. Nu
nyundutna mah saleuseurian, suka bungah ngabagéakeun bulan puasa. Indung bapana
mah ngalangeu, teu bisa sararé.
Baitii, 8 Juli 2013
Haturan utun inji nu karék datang.
Midang dina Manglé, 2438 (22-28 Agustus
2013) kaca 20

Komentar
Posting Komentar