NU NEUTEUP SATUKANGEUN
Carpon:
Anggi Novia Dewi
Teuteupna, teuteup asih. Karasana tembres kana geter-geter haté. Teuteup
kanyaah ti anjeuna, nu ngiwat panon batin nu nempona. Sok sanajan éta paneuteup
téh lamur, sabab umur jeung panyakit socana. Upama ditingali ti kadeukeutan, kornéa
socana méh katutup ku lamad bodas.
Imutna, imut héman. Karasana sumarambah kana lulurung sukma. Imut
deudeuh ti anjeuna, nu ngabandang mamaras rasa. Kuring hayang males imutna, imut
nu sarua nu dikaluarkeun tina rasa bungah.
Anjeuna téh, Nini Jubaédah. Hirup kari nyabeulah. Pangnénéh ti anak
katut incuna, Nini Ito. Kuring gé tatanggana, nurutan wé nyebat Nini Ito. Mun
pareng aya nu ngaliwat ka hareupeun buruanana, anjeuna sok neuteup anteb bari tumaros,
“Saha? Ngén ka dieu!” cenah.
Bumi anjeuna téh di tukangeun imah kuring. Mun dibasakeun mah kahitutan,
bumi anjeuna téh. Mun kuring nu ngawangun ieu imah mah, moal nepi ka
ngahalangan cahya panonpoé keur batur. Ieu mah abong meuli geus jadi. Matak sok
asa teu wasa mun ningali imah Nini Ito, isuk-isuk teu kasorot panonpoé, mun
wanci pecat sawed nyorot ngan sagebray. kadituna mah reup poék.
Mun maca al-qur’an, anjeuna calik di payuneun jandéla. Menekung dimukena
taksiran rérés sholat dluha. Al-qur’ana didéngdékkeun sina kasorot panonpoé
tina sela-sela imah kuring. Heug socana dipocongokkeun pisan kana al-qur’an,
sangkan kaciri. Nyaho sotéh pédah mun poé Minggu, kuring sok nyerangkeun ti
kajauhan bari ngadadangukeun halimpu soantenna maca al-qur’an.
Ari wancina hatam, sok aya incuna nganteurkeun sangu tumpeng sapiring ka
imah. “Ibu, ieu ti Nini Ito, piringna badé dibantun deui.” cenah kitu sasarina.
Ngirim sangu tumpengna téh kawilang mindeng, heuleut tilu atawa opat bulan.
Hartina, anjeuna hatam qur’an téh tilu kali dina sataun.
Sangu tumpeng téh ni’mat rasana. Sanguna liket, rasa cipati katut
konéngna cukup. Komo mun barang diadukkeun, ngagoréhél kumeli meunang meulah
dua. Mani asa bagja, siga nimu naon boa. Deungeun sanguna aya daging hayam
kampung atawa daging éntog jeung endog. Dagingna hipu, sambarana nyerep. Ari
sari-sari dagingna ngagalo kana sangu tumpeng. Dina sapiring téh, aya daging
sakeureut jeung endog sasiki diteundeun pagigir-gigir jeung asé. Diluhurna
dikurupukan. Sok nepika parebut jeung salaki. Matak salaki mah sok ngadadagoan
iraha Nini Ito hatam cenah. Kuring mah cangcaya, lain ngadadagoan hatamna, tapi
ngadagoan tumpengna.
Hiji mangsa, balik ti pagawéan kuring nyimpang ka bumina. Nganuhunkeun
bari hayang nanyakeun kumaha carana ngasakan sangu tumpeng.
“Éta Endén, pun incu hoyong numpeng. Ku Nini téh dipangmasakkeun wé, teu
katingali-katingali acan ngalungkeun salam jeung séréhna ogé. Kaleresan ngukut
hayam, tadina mah ajangkeuneun pamacek nu kamari dipeuncit téh. Keun sugan aya
anakna nu bisa ngaganti. Ngahaturanan Cép Ustad sina ngadunga, ngariung saanak
incu. Tos lekasan ngadunga mah ngaralas balakecrakan, sapalih dibagikeun, teu
seueur bati ngaraosan wé. Nuhun upami katampi mah.” cenah bari ngasur-ngasur
suluh tuluy niup songsong, naheur cai.
Ari ditingali téh, hawuna méh pagigir-gigir jeung kandang hayam. Keur
kuring nu nyaho kana PHBS alias Perilaku Hidup Bersih dan Séhat mah matak rada
rarujit. Ari dicaritakeun ka salaki kana kaayaan imah Nini Ito, jawabna téh
énténg, “nu kitu téh sok ngeunah pasakanana, keun baé asal akang teu ningali aya
tai hayam pagalo dina piring wé.” Kuring bati nyenghél bari nahan seueul.
Kurang leuwih geus sataun kuring natangga jeung Nini Ito. Anjeuna nyaaheun
pisan ka incuna. Diitung téh leuwih ti sapuluh. Nu gedé disakolakeun ka SMA, nu
leutik dirorok dipiasih, nu lalaki meredih hayang dipangngiriditkeun motor, nu awéwé
ngaéh hayang meuli baju anyar. Incu nu lian ngadat hayang dipangmeulikeun hapé,
nu bebenjitna ménta jajan atawa hayang ka paméran tumpak komidi puter. Kuring
gé nu mirengna matak lieur.
Padahal kolotna araraya kénéh, bari digarawé. Keukeuh wé aya kahayang
mah ka Nini Ito. Cenah hutang ka warungna ogé sok gedé-gedé waé. Hiji mangsa salasaurang
incuna ka imah, nginjeum kalkulator. Basa ditanya keur naon téh, incuna
ngajawab keur ngétang sambetan Nini Ito ka warung, cenah. Abong budak,
nyaritana jujur. Kuring ngan wasa garo-garo teu ateul bari mikeun kalkulator.
Nini Ito ngan ngandelkeun duit pangsiunan almarhum salakina. Penjaga
perlintasan kareta api manten. Aya kebon sacangkéwok gigir imahna. Kebonna mah
kasorot panonpoé teu kahalangan ku imah kuring. Dipelakan sagala rupa ti mimiti
tangkal mandalika, tangkal buah cengkir, tangkal cau, tangkal jambu aér héjo, jeung
tangkal jambu batu Bogor. Geus puguh rupaning sambara mah, laja, jahé, salam,
séréh, cikur, konéng, tomat jeung céngék. Beubeutian kayaning sampeu, taleus Bogor,
jeung hui boléd. Matak sing daék pepelakan téh ngarah pepel elak-elakan, saurna
hiji mangsa basa kuring milu mipit jambu di kebonna.
Kungsi Nini Ito melak jagong, paselang melakna jeung sampeu. Waktuna
panén jagong, Nini Ito rungah-ringeuh. Jagongna béak taya hiji-hiji acan.
Sihoréng diparaokan ku incuna ti heula. Abong kanu kurang awas, Nini Ito
sidéngdang moyan hareupeun kebonna, incuna tonggoy kukurusuk bari calecengiran
ngarala jagong.
Aya éta gé hiji nu nyaah. Incu awéwé nu disakolakeun ka SMA téa.
Katingali sok keur mencétan atawa mangmotongkeun kuku Nini Ito. Ngan hiji
banding salapan téa. Nu nyaahna hiji, nu salapan mah kalah ngarudetkeun.
Geus saminggu Nini Ito teu damang, ténsi luhur, gohgoy ngajegoh, socana
cimataan waé, ceuk tatangga nu geus néang. Kuring ngan ukur guru honorér, nu indit nyubuh
balik meuting gé angger wé nu katampa mah handapeun UMR, hayang mantuan mah, ngan
ukur bisa dina niat.
Poé ieu kuring ngahaja teu asup gawé, hayang néang Nini Ito. Meunang
béja ti salaki nu geus néang tiheula, Nini Ito mingkin parna. Gohgoyna beuki
tarik jeung remen, cenah.
Jog ka bumina, taya hiji-hiji acan boh budakna boh incu nu sasarina arulin
téh. Nini Ito kasampak keur nyuuh kana bantal dina kasur di pangkéng. “Ni...”
ceuk kuring bari asup nyampeurkeun.“Ni... ieu aya bubur haneut kénéh jeung
jeruk.” ceuk kuring deui bari neudeun babawaan dina méja gigir ranjang laju
menerkeun simbutna nu nyingkab.
Anjeuna teu ngawaler, ambekanana ngaregéh. Diusap taarna mani nyebrét
panas, ari panangan jeung sampéanna tiis. Gusti, nyaah teuing Nini. Enya kitu
salah kuring, da gening jandéla pangkéng Nini Ito téh katutup pisan ku témbok
imah kuring. Ceuk tatangga mah Nini Ito sok gohgoy waé téh sanggeus imah anu
dicicingan ku kuring ayeuna diwangun. Pangkéngna jadi tiis, teu kasorot panonpoé.
Ceuk kuring harita ka tatangga nu ngomong kitu téh dijawab, “tuluy kudu kumaha,
imah kuring kudu dirugrugkeun deui nya? Sangeunahna!” Kiwari, nempo kieu mah
asa kuring nu salahna, Nini Ito teu damang téh. Komo mun nepi ka...
“Ni...” ceuk kuring katilukalina diharéwoskeun kana cepilna. “Saha?”
cenah usik bari tuluy gohgoy ngajegoh teu eureun-eureun. Ku kuring dicalikkeun
sina nyarandé kana bantal sangkan teu eungap teuing. “Ieu abdi Néng Eros téa.”
ceuk kuring bari mencétan sampéanana. “Saha?! Incu nu mana?!” cenah bari tuluy
ngaregéh. Ngadangu kitu kuring nyumuhunkeun wé disangka incu manéhna.
“Pangkadieukeun tampolong, Cu!” cenah bari ngareuhak.
Kuring samar polah, “dipalih mana,
Ni?”
“Dina kolong ranjang.” cenah bari méh rék kecrot pisan nyiduh.
Tampolong ku kuring geuwat dibikeun. Moal dicaritakeun kaayaan eusi
tampolong mah. Ngan kuring bati seueul. Sanggeus miceun tampolong, kuring mawa
cai haneut keur nginumna. “Ni, ieu caina.” ceuk kuring gék gigireunana.
Geus nginum pok nyarita, “pangmalurkeun tonggong, Nyai.” cenah bari
mikeun balsem. Ku kuring ditampanan. Balsem dibalurkeun kana tonggongna nu geus
bengkung. Sanggeus kitu, dihuapan bubur mani ponyo. Dieueutan obat téh mani
atoheun pisan. “Hayang naon, Incu téh?” cenah sanggeus anjeuna disarandékeun
deui kana bantal. Kuring teu lemek teu nyarék. Incu manéhna nu sok loba paménta
mah, ieu mah pan kuring, batur.
“Naon teu kadéngé? Hayang baju anyar?” ngaharéwos bari neuteup teu awas.
Anjeuna laju ngeupeulkeun cingcin nu dilocotkeun tina jarijina kana leungeun
kuring. Kuring hareugeueun. Ditilik téh aya kana tilu gramna. Gusti, nyaahna
Nini Ito, keur teu damang gé masih mikiran kahayang incu.
Cingcin ku kuring dikeupeulkeun deui ka anjeuna, “teu kedah Nini, abdi
mah sanés tuang incu, abdi mah Eros, tatanggi sapaliheun Nini.” Manéhna neuteup
anteb. Neuteup teu awas tapi teuteupna pinuh ku kaasih. Karasana tembres kana
geter-geter haté. Teuteup kanyaah ti anjeuna, nu ngiwat panon batin nu nempona.
Karasana sumarambah kana lulurung sukma.
Anjeunna ngusap kana tiung kuring bari kerung. Ngahuleng sakedapan,
“Har, incu nini téh aya nu ngaranna Eros kitu? Bolay nya hayang baju téh, atawa
hayang hapé?” ceuk anjeuna bari ngalocotkeun geulang. Dikeupeulkeun kana
leungeun kuring, taksiran aya kana lima gram leuwih. “Teu kedah Nini,” gelang
dikeupeulkeun deui kana panangana, “ayeuna mah Nini geura kulem,” ceuk kuring
bari nyimbutan. Anjeuna kadangu teu ngaregéh teuing.
“Mangga Nini, abdi wangsul heula, si akang ngantosan.” ceuk kuring bari
amit. Méméh kuring kaluar ti pangkéng, Nini Ito angger neuteup anteb satukangeun
bari tumanya deui, “Har, Incu téh geus hayang kawin?”
Kahatur Pun
Nini, Nanggeleng, 8
Februari 2017

Komentar
Posting Komentar