Sanggeus Pancén Lekasan
Carpon:
Anggi Novia Dewi
“Mirnaaa, mana sarung Apa?” subuh kénéh Apa geus gogorowokan ti
pangkéngna. Awéh salam, kuring lumpat muru Apa. “Muhun Apa, aya naon?” ceuk
kuring leuleuy. “Manéh teu ngadéngé, Apa ti tadi gogorowokan? Mana sarung kelir
beureum téa?” cenah bari ngawut-ngawut eusi lomari.
“Disimpen di dieu...” ceuk kuring hareugeueun bari nunjuk lomari nu geus
kosong. Raksukan Apa patulayah dina karpét.
“Mana? Mun aya mah ti tadi gé geus indit ka masigit sholat jamaah!”
cenah bari siga nu rék hing ceurik. “Apa mah siga nu teu diperhatikeun cicing
di dieu téh, hayang ibadah gé hésé. Geus ah, Apa hayang balik ka lembur.” cenah
bari gék calik dina sisi ranjang.
“Apa, teu kénging nyarios kitu atuh. Isin bilih kadangu ku Kang Sani,
kuriak teuing...”
“Naon? Salaki ngaguher ngaréngkol
kénéh, moal gé ngadéngé!” cenah rada nyentak.
“Muhun maksad téh...” teu dikebatkeun eusining haté mah da kaburu
ningali sarung dina raksukan Apa nu patulayah. “Tah, ieu aya!” ceuk kuring bari
ngasongkeun sarungna. “Manéh mah ka Apa téh ngaréken buta warna, ieu mah kelir
héjo urut Si Sani ontohod. Apa mah hayang maké nu kelir beureum bawa Apa ti
imah.” beuki jamedud tapi teu burung sarung kelir héjo ditampanan.
“His, Apa mah nyarios téh. Kamana atuh
nya? ceuk kuring bari nilepan deui raksukana. Sabot kuring
ngasup-ngasupkeun deui baju kana lomari, Apa takbiratul ihrom.
Nilepan téh bari ngalamun, waas. Raksukan dines Apa ti mimiti baju
LINMAS, PDH, kaméja bodas jeung lancingan panjang hideungna, batik, katut korpri ogé dibantun ka imah kuring.
Sakoper gedé. Dibantuan ku réncang mérésanana mah. Dipahing gé teu kersaeun.
“Tos wé raksukan sadidinten, sarung, jeung acuk taqwa,” ceuk kuring basa
ngajemput Apa sina linggih di dieu.
Mana teuing Apa benduna dicariosan kitu téh. Manéh mah teu ngahargaan
Apa, campelak, jeung sagala rupa sesebutan keur budak nu teu taat ka kolotna.
Kuring ngan bisa cicing sanggeus Kang Sani ngusapan peupeuteuyan bari gogodeg
tilu kali.
Enya, kahayang Kang Sani Apa linggih di dieu téh. Kuring lain teu hayang
dicicingan kolot sorangan komo ieu kari sabeulah da Ambu ngantunkeun tilu taun
sateuacan Apa pensiun. Kang Sani mah
kasebutna minantu, sanajan sok disebut ontohod jeung dipikangéwa ku Apa gé
angger wé kacirina mah nyaaheun.
“Hawatos Apa, Mir. Sanaos aya réncang gé angger wé moal siga urang
anakna,” ceuk Kang Sani basa mimiti ngolo kuring sanggeus néang Apa di lembur. Kuring
teu yakin ka diri sorangan. Lain teu nyaho ngurus kolot téh kawajiban budak,
lain teu sanggup ngabiayaan, lain teu suka pama kudu sasuhunan jeung Apa nu teu
resepeun ka Kang Sani.
Apan Apa mingkin curigaan, Apa mah nyangkana téh méh kuring bisa
buru-buru nawarkeun imah Apa sangkan dijual, “éta mah kahayang Si Sani ontohod
ngarah téréh meunang warisan,” kitu pokna gé basa kuring ngolo Apa. “Atawa Apa
kudu ngasuh budak manéh nya? Lah, euweuh tanaga. Apa mah ngan kari hayang niis.
Budak mah urus ku Si Sani ontohod, pan honorér kénéh mah moal teuing kaiket
waktu,” pokna deui basa kuring ngolo Apa anu kasabaraha kalina.
Nepi ka hiji mangsa, basa kuring ka lembur, kasampak Apa keur tuang mie
instan. Gusti, na kumaha ari émutan Apa? Teu émut kana yuswa. Dicariosan kitu
teu nampi pokna téh réncangna teu damang geus saminggu, apa téh kudu dahar
naon? endog waé bosen, meuli asakan ti warung nasi, teu ngeunah saélas jaba
jarijipen. Ka rumah makan padang, jauh.
Harita, capé-capé gé kuring geuwat ka supermarkét, minuhan kulkas ku
bubuahan, sayuran, jeung daging. Prak masak, najan Apa teu sanggem tuang.
Ku sarérét katingali Apa keur sujud. Baheula basa keur leutik, kuring
sok ngahaja nangkod dina tonggong anjeuna pama nuju sujud téh. Apa nangtung, kuring
ngagulantung. Nepi ka awéh salamna masih nangkod. Digeureuh ku Ambu gé, teu
didangu.
Sakedapan panon karasa haneut, aya cimata nu nyangkaruk dina kongkolak
méh bareng jeung nyangkarukna sagala rasa rumasa. Nyurucud maseuhan pipi,
ngeclak kana mukena, Apa hampura. Mirna can bisa ngabagjakeun Apa, can bisa
mulang tarima, can bisa nedunan naon-naon nu diparéntahkeun jeung nu
dipikahayang ku Apa.
Cimata nu maseuhan tembres kana sela-sela haté. Cimata mingkin nyurucud
teu kaampeuh, maseuhan lulurung sukma, ngipuk rasa kaikhlas, kabungah, jeung
harepan nu nyaliara dina dada. Rasa nu mimiti meleték, cahyana lir panonpoé
wanci balébat.
Hawar-hawar kadangu aya sora budak awéwé diajar ngaji alif, ba, ta, sa.
“Lain sa, tsa!” cenah hawar-hawar sora Apa gegelendeng, budakna mah cicirihilan.
Dina wangwangan ngelemeng kuring keur leutik ditiung diuk andalimen kadua Apa
sila tutug.
Raksukan Apa bérés diéntépan diasupkeun deui kana lomarina. Dirérét, Apa
tos rérés netepan subuhna, keur menekung ngawirid. Kuring ngadeukeutan,
ngadeuheus ménta dihampura bari ngambung panangana. Kakara ayeuna kuring titén
yén kulit Apa karasa karenyod, tapi seungit kulitna masih sarua jeung baheula
basa kuring ngambung panangana mun rék indit sakola. Féromon téa ieu téh, seungit
trésna nu lana.
Seungit trésna kulit Apa nu tan wujud jeung tan wates wangen. Hamo bisa
dilisankeun, hamo bisa digantikeun, ngan bisa diambung, dirarasakeun dina
rohang katingtriman jeung kahéman nu suci.
“Naon manéh ceurik ménta hampura, rumasa nya? Manéh mah kiwari ngurus
Apa nungguan maotna. Apa mah bihari ngurus manéh nungguan hirupna.” cenah
teugeug. Kuring ngan wasa tungkul bari neger-neger haté, nguatkeun niat jeung ngadeudeul
tarékah sina ikhlas seja babakti ka kolot. Rumasa yén kuring budak nu hamo bisa
males kahadéan hiji bapa najan ku sakabéh eusi dunya. Yakin yén Apa nyarita
kitu, lain dina enasna ngéwa ka kuring, tapi dadasar watek Apa nu togmol.
“Apa maaah, sok nyelang adegan drama romantis!” ceuk kuring ogo bari ngajebian.
Ngahaja niat téh lain campelak tapi hayang ngaheureuyan sina léah haténa, sina
gumujeng, tong serius teuing siga keur dines. “Naon drama-drama teu ngarti Apa
mah,” cenah bari muka kopéah. Kuring lumpat kaluar pangkéng sieun diceprét ku
kopéah siga baheula mun poho talaran surat pondok.
Meungpeung peré, rérés sholat subuh, kuring ngumpulkeun seuseuhan kaasup
raksukan Apa. Ambuing mani sahunyudan, keun waé kétang da ngagiles ku mesin
ieuh. Bari ngagiles, kuring ngagoréng sangu maké kécap jeung telur mata sapi
kalangenan Apa mun dipangmasakkeun ku Ambu.
Kang Sani siga sasarina mantuan sasapu. Réncang sina ngepél jeung
kukumbah piring. Kahayang téh Apa sina kataji ku pagawéan kuring di imah.
Nyatana yén kuring gé lain ngan ukur bisa lulus seleksi ASN tapi bisa lulus
jabatan IRT.
Goréng sangu geus diambengkeun jeung telur mata sapi dina piring. Apa,
kuring, jeung Kang Sani gék calik mayunan piring dina méja makan. Kuring jeung
Kang Sani langsung am dahar, sahuap kaduana rempeg neundeun deui séndok, eureun
méh bareng. Perérét-rérét sanggeus ningal Apa namprakkeun panangana bari
ngadunga. Kuring duaan buru-buru nurutan.
“Moal barokah, kahadéan naon baé tanpa nyebut bismillah. Mirna manéh mah
siga nu téu diajar agama. Ari sakola sarjana, ari agama budak tk.” cenah bari
ngarérét Kang Sani. Kang Sani jeung
kuring ngan wasa tungkul nyumuhunkeun. Kakara am deui téh sanggeus Apa nitah dahar.
Bérés dahar, Kang Sani amit mancing jeung babaturanana. Di imah kari kuring,
Apa, jeung budak. Sasarina upama kuring péré téh rada ogo. Hayang itu ieu kudu
jeung kuring. Sanggeus dimandian, dihuapan, ulin, geus capé tunduheun. Budak
ménta dipépéndé. Ahirna mah kuring ngalenyep sakedapan.
Barang beunta, inget ka Apa. Ditéang ka pangkéngna suwung, panto buruan
nu sasarina nutup nyampak bolongor. Nanyakeun
ka réncang, pokna téh duka, abdi nuju mébér di luhur. Haté mimiti tagiwur bari nénéangan
Apa kukurilingan saperum, réncang mah sina ngadagoan budak bisi nyaring.
Puguh karék tilu poé Apa ngalih, tadina poé ieu seja laporan ka RT.
Ongkoh Apa arang ka luar imah, ngan moyan jeung olah raga di buruan atawa maca
koran di tepas tukang. Boa ka mana léosna? Boa sasab poho jalan balik ka imah? Boa
aya nu nyulik? Boa...?
Antukna nelepon Kang Sani nitah balik buru-buru, bari rawah-riwih
nyarita téh. Asa geumpeur samar polah. Gusti, ka mana kudu néangan Apa?
Ka pos satpam téh jauh, ngaliwatan tilu blok. Satpam unggut-unggutan
basa kuring nanyakeun Apa. Cenah tadi aya aki-aki paséa jeung tukang béca nu
mangkal. Paséa alatan tukang béca dihulag maké baju kaos kampanyeu. Tukang béca
merekedeweng, Aki-akina leuwih merekedeweng. Untung teu silitonjok gé, kaburu
dipisahkeun warga méméh datang satpam. Aki-akina mah langsung ngaléos lebet ka
blok opat. Satpam nyebutkeun ciri-cirina, teg wé kuring ka Apa.
Haté beuki tagiwur, blok opat geus dua kali balikan. Teu kapanggih
kénéh. Susuganan wé Apa tos mulih deui, nelepon ka réncang, jawabna teu aya.
Dada asa nyesek, késang luat-léét. Apa taya laratana, ukur bisa
nuturkeun suku ka mana ngaléngkahna. Hayang hing ceurik lolongséran, keun baé
da euweuh batur ieuh. Taya nu ngaliwat atawa sidéngdang siga di lembur.
Tikoro karasa garing, da panas poé meujeuhna éréng-éréngan. Jog ka
warung jajaneun barudak, niat hayang meuli cai. Ti luar kadangu sora budak
garogonjakan tuluy calecengiran. Sup kuring, barudak seurina beuki ngagakgak.
Panasaran, saha nu keur padangagonjak téh? Bréh, aki-aki jajan chiki keur diriung
ku barudak. “Apa!”
Kahatur Abah
Nangeleng, 8 Maret 2017
Midang
dina Manglé, 2650 (19-25 Oktober 2017) Kaca 52

Komentar
Posting Komentar