BRAL




                                                       
carpon: Anggi Novia Dewi

Bray rohang nu salawasna peteng téh kacahyaan ti luar. Cahyana asup ngaliwatan lawang panto. Bareng jeung mukana panto, kekebul lir ngararapung ngabagéakeun cahya kabagjaan nu lawas teu nepungan. Tapi kekebul dina téhel masih kandel. Ramat lancah ngajarumat juru rohangna.
Sora pantona henteu ngerekét, tapi ngageblug neundeut kana témbok. Henteu ngarekét siga panto di imah nu kékéréhét. Rekét! cenah. Tapi ngageblug siga panto di imah nu gableg. Geblug! cenah.
Cahya nu asup nojo kana eunteung heubeul. Ukiran garuda sabudeureun eunteung masih gagah rongkah. Euteung kucap-kiceup sérabeun. Mantulkeun cahyana ka nu anyar datang. Cahya nu sarua nojo kana korsi, karpét, jeung lomari buku.  
Blag-blig-blug, sora barang diturun-turunkeun. Aya méja, lalangsé, map-map kandel, poto jalma nu dipiguraan, jeung papan ngaran nu titél satukageunana ngajajar aya kana tiluna. Maturan barang heubeul nu geus matuh saheulaeunana.
Sanggeus, hawana baganti. Ngaganti sakur nu hapeuk. Dua pagawé nu geus réngsé nurun-turunkeun barang teu buru-buru ingkah, kalah tutunjuk bari patingkecewis.
Cahya nu nojo ilang saharita bareng jeung ngageblugna panto kalawan rékép. Kabagjaan lir disirep sina tilem. Rohang tempat neundeun barang nu geus teu dipaké di hiji kantor agréng, réhé deui. Peteng deui. Ngan aya sora sumegruk, niruk kakeueung.
“Geuning kalah ceurik?” ceuk Eunteung ka poto jalma nu dipiguraan.
“Euh, hampura teuing atuh, juragan. Apan carita anjeun geus lekasan. Baganti ku lalakon anyar. Bral, geura miang ayeuna mah.” ceuk Karpét mangjawabkeun.
“Heup, répéh. Sadaya gé taya nu lana, jungjunan.” ceuk Lomari Buku ngaharéwos.
“Kieu geuningan juragan di dieu mah, poék mongkléng, bau hapeuk, loba kokotor.” ceuk Eunteung leuleuy.
Nu inghak-inghakan jep jempé. Najan sora tina ambekanana masih kadéngé eueuriheun. Manéhna luak-lieuk bari nyusut panonna nu beueus. “Sa...saha bi...bieu nu...nu nyarita?” ceuk poto Jalma dina pigura, sorana pegat-pegat.
“Sadaya-daya sobat anjeun. Sobat di rohangan gawé anjeun baheula. Sobat nu ngarojong gawé anjeun. Aya eunteung, karpét, lomari buku, map, korsi, méja, lalangsé, jeung papan ngaran anjeun. Naha anjeun teu sadar kitu?” ceuk Karpét.
“Sobat?” lentongna semu nu nganaha-naha.
“Muhun, jungjunan. Ieu kuring karpét nu kungsi nilaman unggal léngkah anjeun. Ieu korsi nu kungsi diparebutkeun ku anjeun. Ieu méja, tempat anjeun néken proyék. Ieu lalangsé nu milu nyamunikeun tamu-tamu anjeun. Ieu eunteung nu...” ceuk Karpét teu kebat nyarita.
 “Upama anjeun babaturan kuring, ngarojong ka kuring, naha teu milu nyalametkeun kuring? Kuring téh difitnah! Ayeuna mangsana, anjeun kabéh ngabuktikeun bakti. Pangna anjeun, Korsi. Pan anjeun nu pangmahalna. Dibeulina ogé ku nandonkeun diri!” ceuk poto Jalma, sorana masih perténtang siga basa keur kampanyeu dina tivi.
Korsi ngan ngabetem, sanajan dicacampah deungeun korsi mah tumetep nagen.
“Aéh, éta juragan. Ku teu nyangki bakal nyarios kitu!” ceuk Eunteung.
“Leres kétang, juragan. Anjeun téh apan kénging 70 persén langkung sora rahayat. Anjeun téh pinilih. Sakedahna, anjeun masih ngajabat. Apan seueur kénéh proyék nu kedah diréngsékeun. Ti suklakna ti siklukna. Boa, ku batur mah moal jucung. Anggaran disunat téa mah, atawa teu puguh alang ujurna. Deudeuh teuing juragan. Ayeuna bati ngaheruk, ngégél curuk, digulingkeun mangkeluk. Abdi seja sadia tetep ngarojong.” ceuk Méja.
“Dina idéalismeuna kami téh milik jalma pinilih. Kami tuhu ka dunungan, moal baha ka atasan. Kami téh lambang bakti. Bakti ti hiji pangagung ka rahayatna. Upama dina emprona, kami dilélangkeun ka sing saha jalma nu boga harta sagoah, kami dilambangkeun kakawasaan, basilat ka rahayat, kami ogé teu bisa kukumaha...” ceuk Korsi. 
Eunteung rikat nyarita, “Kakawasaan mah moal aya nu lana, juragan. Pastina ogé nu anyar, awal ahir baris ngaganti. Parobahan moal bisa disinglar. Bral, geura miang. Carita anjeun geus lekasan.”
“Saéstuna juragan, sadaya-daya barang nu disimpen di ieu tempat ogé, sanés barang urut butut wungkul. Tapi barang nu teu bisa dipaké deui. Marga lantaranana mah, bisa naon waé. Bisa geus teu jaman, bisa geus teu luyu jeung kahayang nu kiwari nyicingan rohangan gawé, atawa mémang geus sakuduna aya di ieu tempat.” ceuk Karpét.
“Uing mah masih kapaké deuleu, teu kudu diganti ku nu anyar! Tuh tingali, warna kertas poto uing masih cékas, kacana can konéas, pigurana masih jejeg weuteuh! Teu matut cicing di dieu!” ceuk poto Jalma.
“Heueuh, tingali barina ogé, ngaran uing sakitu ngalagena, kurang pangkat naon coba?” ceuk Papan ngaran.
 “Muhun ari kituna mah, tuh abdi ogé anu masih tiasa dianggo kénéh, ku anjeun dilebétkeun ka dieu geuning. Tos teu jaman, saur anjeun harita. Bral, geura miang. Carita anjeun geus lekasan.” ceuk Lomari Buku.
“Abdi mah tos puguh sabab warna kacana geus rada konéas, geus waktuna diganti. Moal hadé jalma kasép siga anjeun jadi goréng mah. Karpét ogé nu ngan kaeunteupan calacah saeutik ku anjeun harita geuwat diganti geuning.” ceuk Eunteung.
“Tong boro kitu, tuh kami waé nu karék ngaganti anjeun kamari, kiwari kudu dibalangkeun ka dieu. Lebar cenah, ari anggaran tuluy ngocor, pék teu digunakeun. Bral, anjeun geura miang ayeuna mah. Carita anjeun geus lekasan.” ceuk Lalangsé.
“Sakali deui, uing mah lain barang urut, lain barang nu geus teu diperlukeun deui. Uing mah jalma penting anu pada mikagimir. Tuh tingali poto uing, dasi buatan luar negeri ngadaplok, pertanda akademisi anu kungsi nyorang atikan luhung. Jas hideung ngajiripit mungkus awak, pertanda gagah tandang, sayaga ngabdi ngabaktikeun diri keur kapentingan rahayat.”
“Muhun, mung ayeuna tos aya nu anyar nu baris ngagentoskeun pancénna, pan? Nu enggal nu pinilih, nu langkung saé saurna. Bral, anjeun geura miang ayeuna mah. Carita anjeun geus lekasan.” ceuk Karpét.
“Sanés teu diperyogikeun deui, jungjunan. Anjeun mah korban pulitik. Korban nu hoyong kalungguhan anjeun, keuna sabotase anjeun téh! Enya, uing mah nyaho pisan, kumaha anjeun gawé beurang jeung peuting mikiran rahayat, mikiran jalma loba.” ceuk Méja.
“Enya, leres pisan Juragan. Poto anjeun sakuduna masih ngadaplok dina témbok di rohangan itu. Atuh kuring gé sakuduna masing anjeucleung kénéh dina méja anjeun kiwari téh.” ceuk Papan ngaran.
“Tos ditakdirkeun kitu, dinten anu tabuh saanu, anu kakasihna bapa anu, kedah léngsér tina jabatanana. Urang moal bisa baha.” ceuk Karpét.
“Barina ogé tong sok nyamunikeun kagoréngan jeung kabohongan. Awal-ahir, nu kitu pasti kabokér.” ceuk Eunteung seuri sinis.
“Euh, éta panginten juragan. Pédah baheula kungsi aya tamu nu maparin amplop?” ceuk Méja.
“Naon? Amplop dédéngéan téh? Éta mah lain kagoréngan atawa kabohongan. Éta mah tawis panuhun ti batur nu kungsi ditulungan ku uing. Naha salah kitu pama batur hayang nganuhunkeun ka uing bari méré kadeudeuh? Ulah sotéh nyéléwéngkeun duit rahayat.” ceuk Jalma dina poto.
“Aéh juragan, punten mamatahan ngojay ka meri. Kantenan anjeun langkung uninga, upami anu kitu mah tiasa janten teu batal. Mung kantenan juragan uninga, yén proyék anu dibantosan ku juragan téh proyék hideung anu teu puguh anggaranana, naha atuh kersa mantos? kersa nampi tawis panuhunna?” ceuk Eunteung.
Nu disebut juragan ngeluk, éra sabab eunteung mah salawasna tara ngabohong. Rumasa teu jeujeuh maluruh heula batur nu kudu ditulungan. Rumasa geus salah léngkah.
Bray panto muka deui. Sup dua jalma nu mandetkeun deui panto ti jero kalawan ati-ati. Taya cahya nu nyaangan, iwal cahya tina sénter. Nu tadi keur gunem téh ngabigeu. Ningalikeun polah jalma nu asup.
“Di dinya butuh lomari keur budak lain?” ceuk hiji pagawé nu beuteungna rata.
“Heueuh, keur di kontrakanana. Lumayan teu kudu meuli. Ari di dinya cenah butuh hordéng?” ceuk hiji pagawé nu beuteungna bureuteu.
“Puguh wé, geus dicirian basa mimiti masangkeunana di kantor gé.” cenah bari nilepan lalangsé.
“Hayu, buru atuh urang angkut, bisi kaburu aya batur.” cenah bari luak-lieuk nyagapan punduk.
“Lah, tong sok api-api. Urang gé nyaho keueung heueuh. Di dieu téa sanget!” cenah bari seuri.
“Sst...sok sompral ari ngomong téh.”
“Heueuh, loba jurig nu nyiliwuri, loba nu ngabéjakeun leungit barang!” cenah bari ngahéhéh.
“Sok-sok burukeun, bisi kaburu aya batur.”
“Ké heula, euy. Urang butuh pigura keur miguraan poto kawin jeung pamajikan. Tah tadi téh geus nyirian pigura nu itu.” cenah bari kop kana pigura. Potona dilaan ditilep-tilep. Dialungkeun ka juru. Pigurana dibawa.   
Cahya tina sénter nu nojo ilang saharita bareng jeung meundeutna panto kalawan rékép. Rohang tempat neundeun barang nu geus teu dipaké, réhé deui. Ngan aya sora sumegruk, niruk kakeueung. Hawar-hawar kadéngé rampak sora, “Bral, geura miang. Carita anjeun geus lekasan.”

Mujahidin, 28 Januari 2012
Kantos naék citak di Majalah Manglé

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dua Porsi Tresna

Anaking jeung Bulan Puasa