TANEUH BASEUH KÉNÉH




carpon: Anggi Novia Dewi
Bray lomari dibukakeun. Réma mapay-mapay raksukanna nu digantungkeun. Aya batik, kaméja, jeung jas. Bet asa nyérédét, basa réma nyampa baju takwa kameumeutna. Ngusap kaén lebah dadana. Nuturkeun galur kaputan bordélana laun-laun. Tuluy ngusap kaén lebah leungeunna. Naha bet karék ayeuna, kuring ngarasa kaén baju téh lemes bahanna.
“Aya, anduk téh?” ceuk Emah ti dapur.
“Aya.” ceuk kuring asa kagareuwahkeun. Kuring nyokot anduk Apa. Lomari dipandeutan deui. Nu katempo dina eunteung lomari satangtung téh, Apa gugupay nyungkeun anduk siga nu badé siram. Kuring hareugeueun. Dilieuk ka tukang mah taya jinisna téh. Buru-buru ka luar ti kamer nyampeurkeun Emah di dapur. Kasampak Emah keur nyéndok kopi jeung gula.
“Disimpen di mana, Mah?”
“Gantungkeun wé di cai ka ditu.” cenah bari ngucurkeun cipanas kana bekong. Sanggeus ngagantungkeun anduk, kuring nyampeurkeun deui Emah nu keur ngocékkeun cikopi. Seungitna nyerebung.
“Emah...” ceuk kuring bari nyekelan pananganana.
Emah ngalieuk, neuteup kuring ngaliwatan soca kahoncéwangna. Dina teuteupna pisan, kuring misurti kecap sono.
Létah beuki heurin ku usik. Inggis ngaraheutan manah indung. Antukna jep jempé bari ngembeng cipanon. Réma ngusapan dampal tukang panangana. Naha bet karék ayeuna, kuring ngarasa Emah téh kulitna tos karenyod.
Emah ngalésotkeun usapan kuring. Ngocékkeun deui cikopi. Laju ngésérkeun bekong paranti Apa ka tengah méja maturan roko. Gék anjeuna calik, luk tungkul.
“Anu sasarina aya téh, ayeuna mah teu aya. Tapi karasana masih aya.” ceuk Emah bari ngusapan ceuli bekong.
“Anu tos teu aya mah, teu aya, Mah.” ceuk kuring neger-neger manéh. Gék diuk gigireuna.
“Anu tos teu aya téh, asalna mah aya.” ceuk Emah.
“Anu tos teu aya téh, asalna gé teu aya. Poma ulah diémut-émut.” ceuk kuring ngusapan tonggongna. Naha bet karék ayeuna, kuring ngarasa Emah téh tos cueut ka hareup.
“Enya, tong diémut-émut. Sanajan beuki dipopohokeun sok kalah beuki inget. Sok tuluy hayang nananyakeun. Tapi kétang, da mémang kitu enasna jalma mah. Sok hayang nananyakeun nu teu aya. Tapi ngatambélarkeun nu aya.” ceuk Emah bari neuteup bungkus roko.
Emah ku kuring ditangkeup. Karasa ambekanana sawirahma. Sabenerna kuring gé masih hayang maturan. Maturan nu tas ditinggalkeun. Maturan nu nyorangan. Maturan indung. Maturan mangsa-mangsa lewangna.
 Saminggu waé mah jul-jol nu ngalayad, ngahaturkeun sungkawana. Ayeuna kari geueumana. Enya, di imah tinggal duaan kuring jeung Emah. Si Akang geus ka Jakarta deui jeung kulawargana tilu poé katukang.
Kuring gé keur ngadagoan salaki ngajemput poé ieu ka Bogor. Sabenerna mah hayang mawa Emah ka Bogor téh. Ngarah kabangbrangkeun. Tapi Emah mugen. Boga nu macul saurna téh.
Taneuh masih kénéh baseuh atuh da, cipanon gé hésé saatna. Nyumponan kaikhlas téh geuning hésé. Enya ari dina kedal lisan mah, tapi dina mamaras mah taya nu nyaho.
“Anggursi geura siram, Mah.” ceuk kuring mapalérkeun.
“Naha da Emah mah geus mandi tadi subuh.” cenah bari ngusapan socana nu bareubeu.
“Ari anduk itu kanggo...” ceuk kuring dituluykeun ku kalimah, “...abdi?”
“Enya, bisi kaburu aya salaki Euis.” cenah bari jung nangtung. Léos ka kamerna. Bet karasa nyelekit dikitukeun ku Emah téh.
Rérés mandi, kuring dangdan. Geus kitu laju mérésan baju kana kantong. Kuring ngetrok kamer Emah, bari ngantelkeun ceuli kana panto. Kadangu sora bangun keur uplek ngobrol.
“Emah?” ceuk kuring bari ngetrok panto deui.
“Naon? Ngén ka dieu!” ceuk Emah ti jero.
Barang asup ka kamer Emah, raksukan Apa patulayah dina kasur, dina karpét, jeung dina korsi.
“Emah.” ceuk kuring bari ngadudutan raksukan Apa dina korsi, rék dibérésan deui. Cipanon mah geus nyurucud.
“Puguh ku Emah geus dibagi-bagi Euis. Nu éta keur ka Jakarta.” ceuk Emah bari nunjuk baju nu ku kuring keur dicekel.
“Nu ieu keur salaki Euis, bawaeun ka Bogor.” ceuk Emah nunjukkeun baju nu keur ditilepanana.
“Tah nu dina kasur mah rék dibagikeun ka tukang macul. Hatur lumayan, bubututan ogé.” ceuk Emah bari tuluy ngalelek-lelek jas Apa nu dipaké basa ngawinkeun kuring. Emah imut bari neuteup kuring. Kuring teu kuat nahan piceurikeun deui.
Saprak mantuan Emah mérésan raksukan bagikeuneun, haté mah manteng waé ka jenatna. Ku cua baheula mah ka Apa téh. Cara ngatikna heuras teuing atuh da. Éta ari geus sesentakna, kadua gaplok téh bener. Komo ka Si Akang mah, nepi ka kungsi rék disoldér sagala. Sabab Si Akang katohyan ngabohong.
Kitu ogé ka kuring anak awéwé, tara milah-milah Apa mah. Pan basa kuring kanyahoan balik kapeutingan dianteurkeun ku babaturan lalaki gé ditampiling. Ngagurat beureum tapak ramo Apa dina pipi, jaba ceuli asa ngahiung jeung panas. Peurih téh harita mah, tapi matak nineung ayeuna mah. Sadar yén kalakuan harita téh salah.
Ari Emah, ku leuleuy kacida. Ka budak sagala dihempékkeun. Tara ngambek, sumawonna neunggeul mah. Éstu pinuh ku kaasih. Teu ngarti kuring gé. Naha Emah bisa meunangkeun Apa. Naha beusi bisa pacampur jeung cai?
“Tuh baju butut diampihan, Apa hidep mah. Piceun ka ditu, Euis!” ceuk Emah. Ku kuring ditampanan. Raksukan nu aya tapak soldéran. Kuring neuteup nu bolongna, noong Emah. Kuring imut sorangan.
Kapungkur Apa téh tukang service alat-alat éléktronik. Ku sabab jarang, Apa jadi pangjugjugan sararéa. Nu ngoméan jam dingding, radio, TV hitam putih, istrika, kipas angin, jeung sabangsana.
Kungsi sakali mangsa keur leutik, Si Akang jeung kuring keur ucing-ucingan di tengah imah. Da teu meunang ari ulin ka luar téh. Keur meujeuhna ararocés. Tah, ayeuna gé sora cikikikna masih kapireng ti kamer.
“Akang beunang!” ceuk kuring
“Sok diudag deui ku Akang moal éléh lah...ha...ha...!” cenah.
“Ha...ha...ha...” sora kuring jeung Si Akang beuki handaruan. Nepi ka ngajelenging kana ceuli.
“Awh, Emah...!” sora budak ngocéak.
Dampal suku ngerenyed panas. Kuring curinghak. Jung nangtung, mukakaeun panto kamer. Bray tengah imah. Ningali kuring keur ceurik awong-awongan bari diusapan Emah. Si Akang pias. Apa nyarékan kuring jeung Emah laklak dasar. Harita dampal suku kuring nincak soldér Apa nu keur panas.
Haté nyeblak, basa Emah noél. Emah imut. Kuring imut bari nyampeurkeun deui Emah asup ka kamer.
“Wayahna bawa, Euis. Paké kituh.” ceuk Emah bari ngasup-ngasupkeun raksukan Apa kana kantong.
“Mangga, nuhun.” ceuk kuring pondok. Padahal ceuk haté mah keur naon atuh Emah. Salaki komo modis kitu. Asa moal daékkeun makéna ogé.
Ti luar aya nu ngelaksonan.
“Salaki Euis meureun.” ceuk Emah bari nyelétingkeun kantong.
Kuring muru buruan. Mukakeun gerbangna. Salaki markir mobilna. Teu lila ngobrolna téh. Da Emah ninitah buru-buru. Lain ngusir, Ncép. Emah mah hariwang bisi kapeutingan di jalan, cenah.
Kuring ngasupkeun kantong jeung babawaan kana jok tukang. “Kahadé aya nu poho tinggaleun, Euis. Béas, cau, ranginang, wajit, timbel keur di jalan, geus dibarawa?” ceuk Emah.
“Muhun, parantos.” ceuk kuring bari nutupkeun panto mobil. Salaki amitan.
“Kadé dijalanna, Ncép. Tong ngebut, kajeun lalaunan. Omat sing nyaah ka Euis. Emah nitip, mun béngkok benerkeun lalaunan. Kahayang mah sing téréh eusian Euis téh.” ceuk Emah bari nyekelan leungeun salaki.
“Emah, abdi mah kacida ringrangna ngantunkeun Emah nyalira téh.” ceuk salaki.
“Keun, Ncép. Da Emah asalna ogé nyorangan. Datang sorangan, balik gé jaga sorangan.” ceuk Emah. Salaki ngan imut bari unggut. Tuluy nyium panangan Emah.
Kuring nangkeup Emah. Ku beurat kacida ninggalkeun Emah. Sanajan Emah teu cacarios, kuring bisa ngarasakeun kedal haténa ngaliwatan tangkeupanana nu pageuh.
Kuring ngan imut bari unggut. Sup kana mobil. Mobil distarter. Laju ngageuleuyeung lalaunan. Ninggalkeun buruan imah. Ninggalkeun Emah. Ninggalkeun rasa nineung ka Apa. Basa Emah gugupay mileuleuyankeun, kuring neuteup ku panon nu beueus tina kaca mobil. Kasawang, Apa nyondong nganggo raksukan hideung, gugupay bari ngaléng Emah.

Mujahidin, 8 Mei 2012
Kahatur Apa nu teu kendat dipisono  


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dua Porsi Tresna

BRAL

Anaking jeung Bulan Puasa