TILU QUL
Carpon: Anggi
Novia Dewi
“Hih, naha saré téh mani tibra-tibra teuing.” Ceuk
haté bari ngusap beungeut. Gigisik bari cengkat. Ningali geus tabuh opat.
“Tobat...kabeurangan ieu mah, moal kaburu mandi sigana mah!” Jung nangtung bari
nungkup biwir nutupan heuay. Panon karasa haneut, cimataan.
Tuluy babatek.
Lah, naha mani asa ku nyareri awak jeung rarieut ieu téh. Asup angin kitu?
Padahal lain sataun dua taun saré dina ubin nu ngan ditilaman kasur busa ipis
téh. Ogoan teuing, biasana ogé tara cararangkeul kieu. Pucal-pacul, turukal-térékél,
ungkat-angkat, pokona sakur pagawéan beurat geus matuh dikeureuyeuh.
Simbut sarung ditilepan. Diteudeun luhur bantal lépét.
Rap dibaju takwa, ngarangkep jeung kaos panjang paranti saré. Kahandapna
diganti ku calana panjang urut tadi peuting. Abong lungsuran ti nu beunghar,
tapak istrika anu ngajiripit téh teu karijut sumawonna leungit. Geunah deuih
dipakéna, upama hawa sedeng panas, kaén calana karasa tiis nyerep késang. Upama
hawa tiis, kaén calana siga nu beunang dititah karasa mawa haneut. Teuing
nanahaon bahanna.
Rekét panto kamer dibuka, laju leumpang nyusur-nyusur
sisi tempat wudlu di masigit. Asa kagunturan madu karagragan menyan putih
puguh, basa ditawaran nyicingan kamer sagowok nu asalna gudang téh. Geunah waé
nu aya ayeuna mah, geus diberesihan jeung geus diperenah-perenahkeun mah.
Kaitung geus lima taun leuwih kuring nyicingan kamér nu pernahna tukangeun
masigit téh. Kari nyorangan ieuh, budak geus rarumahtangga.
Keran dibuka, cai ngucur ngaliwatan selang leutik
sangkan teu cérét keur nu wudlu. Bismillaahirrahmaanirrahiim.
Cai karasa tiis nyulusup kana kulit karenyod dina sela-sela ramo. Kekemu tilu
kali. Ngumbah liang irung. Ngaratakeun cai wudlu kana beungeut kanyos. Leungeun
katuhu-kénca nepi siku nu méncos. Ngusap buuk nu geus cetuk huis, ti bagian
hareup ka tukang tuluy dibalikkeun deui bari ngumbah ceuli, ti mimiti liang
ceuli nu kaduga ku tungtung curuk, dikaluarkeun bari ngumbah tonggong ceuli ku
dampal jempol tilu kali. Suku, ti mimiti sela-selana nepi ka mumuncangan. Cag!
Rérés ngumbah sakur anggahota wudlu prak ngadunga.
Jamaah masigit téh réréana mah nu geus kolot.
Pakokolot supa jeung kuring téh. Aranjeuna
mah pangsiunan. Da nu ngarorana mah boa keur ngagojod manéh ku simbut wayah
kieu téh. Kaharti ku kituna mah, lolobana masarakat sabudeureun, pagawé kantor
anu singsarwa loba gawé. Kadang upama beurang mah di imah-imahna téh nu nyésa
ngan bujangna wungkul. Kieu geuning masigit di komplék mah, wangunana mah
tohaga, ngan eusina nu coréngcang téh.
Bari naék kana tangga, karérét tempat neundeun sendal geus
muka. Hartina Jang Opik geus muka-mukakeun panto masigit. Bagéan Jang Opik
perkoncian mah. Leumpang rada digancangkeun, muru ngahurungkeun lampu. Bisi Cép
Maman kaburu ngolotrak rék adzan subuh atawa jamaah daratang muru sholat.
Lain perkara énténg ngahurungkeun lampu téh tuda di
ieu masigit mah. Mun kitu siga di kamer. Cetrék saklar lampu nu dipimaksud
hurung. Ieu mah apan ngajajar aya kana 32 saklarna, aya rohang husus saklar sagala.
Rohanganana ngaréndéng jeung rohang sound
system paranti azdan. Can kudu ngapalkeun nomer saklarna. Lampu lebah mana
nu rék dihurungkeun, sabaraha nomer saklarna. Kakara jetrék dihurungkeun ku
tungtung gagang sapu, da sieun kasetrum sabab kabel pajurawet sagedé-gedé
indung leungeun. Kakara lampu bray caang. Ngelol heula kaluar, bener henteuna. Ngonci
deui rohanganana.
Édas...pama geus rusuh atawa poho nomer saklar barang
mimiti mah. Atuh nu keur ngaji di tempat sholat lampuna pareum, ari lampu keur
ka buruan nu geus mangsana dipareuman kalah hurung kénéh. Nu remen ka masigit
geus apal deui mun lampu ujug-ujug pareum atawa bray caang téh, sok kalah
ararimut bari pokna téh “Lepat Abah, muhun teras...teu acan hurung!” Atawa
“Heup Abah, atos hurung!”
Pancén kuring éta téh, salian ti purah beberesih jeung
bébérés. Sabangsaning sasapu, ngepél, ngelapan kaca, masang karpét, mérésan
al-qur’an, meresihan WC, tempat wudlu, jeung ngomékeun kumalir cai. Atawa
nguma-ngomé sautak-saeutik kana wangunan masigit nu ruksak. Siga kamari soré,
mungpung inget jeung keur nyalsé ngomékeun kenténg nu bocor, dibantuan Jang
Opik éta gé. Pokona mah nu aya
hubunganana jeung kabersihan atawa karapihan tempat sholat katut tempat wudlu,
éta pancén kuring. Kungsi éta gé sakali mangsa, aya budak ngora nu ngilu
pasantrén kilat, haat babantu pancén kuring, tapi teu lana. Bérés pasantrén,
budakna mah duka ka mana.
Untung upama kudu nyeuseuh mukena atawa sarung mah sok
dibantuan ku pamajikan Jang Opik. Nya kitu deui perkara dahar kuring sapopoé,
sok dianteuran. Imah Jang Opik téh di gigireun masigit, bari muka warung. Asa
geus jeung anak sorangan puguhna gé ka Jang Opik jeung pamajikanana téh. Kitu
deui ka anakna, asa geus ka incu sorangan. Da jeung anak sorangan mah pimanaeun
teuing nyaah ka kolot model kituna. Matak betah cicing di dieu. Alhamdulillah,
tawis nuhun ti DKM saban bulan aya, kuring teu niat ngahargakeun. Sapaméréna
waé, seja ditampi.
Sanggeus lampu rohang sholat harurung, kuring sholat
dua rokaat. Takhiyatul mesjid ceuk Ustad Ayat mah. Takbir, nangtung, ruku,
sujud, diuk di antara dua sujud, diuk tasyahud, éstuning kudu tumaninah.
Tumaninah dina bacaan jeung obahna. Tumaninah kana manah, cenah. Sabisa-bisa
ngamalkeun waé kuring mah.
Rérés sholat, bari ngadagoan adzan subuh ngawirid
saapal-apal, tara nu paranjang, cukup subhanalloh,
alhamdulillah, allohu akbar, jeung laa
illaaha illalloh. Kumejot éta gé, hayang siga batur bisa ngederes al-qur’an
surat tresna ti pangéran ceuk Cép Maman mah. Bagja meureun, bisa
ngagalindengkeun ayat-ayat trésna_Na, unggal waktu, saban ruménghap, saban haté
ngageter misono dzatning wening nu maha asih.
Hanjakal, ti bubudak teu getén diajar ngaji. Ka
kolotnakeun ripuh. Sagala teu weruh. Maca hurup gé tibabaradug. Létah tikoséwad
waé antara hurup sa nu titikna tilu jeung sa
nu euweuh titikan. Banda teu boga, bekel keur ka ahérat sakitu samporétna. Komo
pama sholat, taya pilihan surat deui nu apal, iwal ti tilu qul. Qulhu, falaq, jeung binnas.
Kuring geus moal bisa siga Wa Haji nu umrohna unggal
taun, bisa méré mawéh ka anak yatim, nu zakat malna ogé sapuluh juta. Atawa
siga Cép Maman nu sok ngagalantangkeun adzan, ngawuruk unggal subuh, atawa sok
kadéngé ingsreuk-ingsreukan nalika sujud pamungkas dina sholat. Sumawonna
hayang siga Ustad Ayat ketua DKM mah, jauh tanah ka langit sigana téh. Paromanna
teu weléh hégar, cicirén ngajaga wudlu dina unggal waktu, cacariosan jeung
lampahna pada ngahamin jeung ngahéman. Éstu taya cawadeunana. Komo anjeuna téh
guru di hiji mangultas cenah.
Saprak wirid, pikiran ngolébat kana taman nu tadi
kaimpikeun. Enya, ngimpi tadi téh matak kabeurangan hudang gé, jadi teu kaburu
mandi jeung sholat tahajud. Ngimpina téh keur aya di hiji taman. Lain keur
melak kembang atawa ngoréd caritana téh. Éstu keur pelesir waé, ningalian
sabudeureun taman.
Na, aya taman éndah-éndah teuing. Aya cinyusu ngocor,
aya tempat leleson siga kasur jeung bantal ditumpukkeun nu katingali wareuteuh
kénéh, diamparan ku permadani nu warnana zamrud. Gelas-gelas keur nginum geus
disadiakeun patinggurilap katojo cahya nu datang ti mana boa. Kelir kekembangan
mapaésan. Gusti...éta taman téh liuh, angseuna seungit, matak midangdam hayang
terus nganjang. Ari diinget-inget, éta taman téh bet siga anu kungsi
dicarioskeun ku Ustad Ayat.
Keur anteng nyusur-nyusur taman nu tadi kaimpikeun, Cép
Maman kadangu mimiti ngolotrak kana mik. Tuluy ngagalantangkeun adzan. Saprak
ngawaler adzan téh, taman nu tadi mungguh kokolébatan waé. Komo ieu dianteur ku
sora halimpu Cép Maman. Beuki wé tingsérédét kana haté. Gusti, enya kitu éta
téh gambaran surga ‘Adn? Taman kalanggengan kagungan Anjeun nu kebek ku
kani’matan nu taya hinggana saur Ustad Ayat téa mah. Abdi mah rumaos laip
Gusti. Asa isin ku bolokot dosa.
Cép Maman komat. Saréréa ngabaris dina shaf-shaf muru
kautamaan pahala sholat berjamaah. Sok sanajan, unggal subuh jamaah tara leuwih
ti dua baris.
Ustad Ayat, takbir. Iftitah tumaninah kana manah. Basa
Ustad Ayat ngagalindengkeun bismillah, ngembatna hurup ba lir ngembatna walungan madu di taman impian téa. Panggih jeung
hurup sa, saban angina nu ngahiliwir
ngusapan kulit éstu matak tiis tingtrim kana mamaras. Réngkolna mim, apan tanda sumujud makhluk ka
Mantenna kana sakur ni’mat. Alif, lam,
lam, ha taya lian iwal Alloh nu maha
kawasa.
Taman ngolébat deui. Aya cinyusu ngocor, aya tempat
leleson siga kasur jeung bantal ditumpukkeun nu katingali wareuteuh kénéh,
diamparan ku permadani nu warnana zamrud. Gelas-gelas keur nginum geus
disadiakeun patinggurilap katojo cahya nu datang ti mana boa. Kelir kekembangan
mapaésan. Gusti...éta taman téh éndah kacida. Seungitna asa beuki deukeut. Beuki
seungit. Beuki seukeut. Beuki ngadalingding kana acining diri.
Lalaunan kapireng galindeng sora diri basa mimiti diajar
ngaji. Bé sin jéér bis. Mim, alif, elam, elam,
tasjid jéér mil. Bismil. Alif elam jabar la, ha alif elam ero tasjid jéér hir.
Bismillaahir. Kalawan nyebat asmana Alloh, sadaya-daya anu Mantenna.
Mujahidin, 19
November 2011
Tawis pangbaktos
kanggo Ambu.

Komentar
Posting Komentar