Carita dina Carpon
Carpon:
Anggi Novia Dewi
Kumpulan carpon “Halis
Pasir” méh hatam dua balikan dina waktu dua poé. Rebo Kemis. Hayang maluruh
sing gemet, sastra nu ceuk anjeun éndah téh lebah mana? Tilu belas carpon ti Pa
Us Tiarsa R., dibaca. Ti mimiti “Halis Pasir” nu nyaritakeun kaayaan di lembur
singkur, nepi ka “Diantos di Sarayévo” nu nyaritakeun si kuring nu keur naék
gondola di gawireun Gunung Alpen, Éropa. Ti nu basajan “Buah” nepi ka nu
rékonstruksi “Karémbong Srangéngé” ceuk téori sastra téa mah. Cindekna, kataji
pisan ku cara ngulinkeun basa jeung psikologis tokohna.
Tapi batan
“Halis Pasir”, nu kokolébatan dina kongkolak téh mungguh halis anjeun baé. Halis
nu nginjeumkeun bukuna. Halis kelir coklat semu beureum nu ngembat luhureun
kongkolak panon anjeun nu seukeut lir panon heulang. Halis nu matak nambahan
nyari mun anjeun keur embut. Halis anjeun, halis nu mantengkeun sagala rasa.
Maca gé teu
nyalsé, da dina unggal lambar kumpulan carponna ngolébat imut anjeun. Dina
unggal kalimahna aya hégak jeung ambekan anjeun. Anjeun ngajak ocon dina unggal
spasi antar kecapna.
Lir
carpon-carpon dina “Halis Pasir”, nu unggal kecapna nyidem mantra keur
pamacana. Kedaling kecap anjeun gé lir mantra. Kedaling kecap tina haté niruk
kana haté. Kecap nu matak ngagalura. Kecap nu mampuh nalimbengkeun rasa. Mungguh
nyastra, mungguh nyusuk kana sukma.
Ayeuna Jumaah, rék
mulangkeun buku kumpulan carpon “Halis Pasir” téh. Ceuk anjeun bukuna can
réngsé dibaca. Naha atuh kalah diinjeumkeun ka kuring? Nu matak hayang geura
mulangkeun. Bisi anjeun rék maca. Lian ti éta, teu bisa mungkir. Aya haté nu
hayang geura patepung deui. Teuing haté anjeun mah. Teuing saupama duanana
kétang!
Sapuluh menit deui
ujian réngsé. Ujian téh kesel kacida teu siga sasarina. Naha karasa lila sotéh
bari jeung nungguan anjeun kitu? Jaba ti tabuh tilu kénéh méga geus kulawu.
Sieun kaburu breg hujan. Mapalérkeun haté, mukaan sms ti anjeun. Sabenerna mah
dipahing pisan keur ujian muka sms téh, tapi salila pengawas teu nyahoeun mah,
teu nanaon. Nyeh imut sorangan. “Tabuh satengah lima tiasa, Tétéh?” cenah. Kitu
tungtung smsan jeung anjeun tadi beurang.
Pilimameniteun
deui hujan kalah ngaheureuyan. Mimitina cluk-clak tuluy girimis nepika
ngagebrét badag. Angin nyéot bakat ku tarik. Haté gegeremet. Nu dikedalkeun mah
nun Gusti, mugia ieu hujan téh pinuh barokah. Tapi keukeuh, haté teu bisa
mungkir. Hujan, naha anjeun teu nyaho di wayah? Apan kuring rék nohonan pasini.
Nepungan anjeun.
Duh, jaba anjeun
siga nu nganti-nganti deuih. Ngasms gé sabaraha kali pilimameniteun tepung téh.
Téh, hujan. Antosan wé atuh nya dugi
raat. Akang di jalan badé ka dinya. Engké tepang di payuneun kampus wé. Sms
ti anjeun murudul.
Bél réngsé ujian
disada. Kertas ujian dikumpulkeun, bari haté tagiwur. Lain tagiwur ku soal
ujian nu hésé, tagiwur sabab anjeun pasti kahujanan.
Réngsé mikeun
soal ka pengawas ujian, nungguan di kelas. Najan karék opat kali tepung, unggal
rindat jeung polah anjeun nu basajan, mungguh ngait dina ati manteng dina angen.
Kasebut langka, tepung opat kali sotéh lain dina jero waktu saminggu, tapi dina
jero waktu tilu bulan. Tilu kali tepung saméméhna mah, taya nu ngolébat. Ngan
sanggeus tepung nu kaopatkalina, aya nu nyusuk dina sukma.
Pédah sarua
pamilon diskusi sastra antar kampus harita téh. Lawunganana unggal Ahad salila
sabulan. Teu engeuh saméméhna mah. Wawanohan sotéh basa anjeun keur maca
kumpulan sajak “Nu Nyusuk Dina Sukma” yasana Chyé Rétty Isnéndés. Geuning sarua
resep sajak Chyé.
Bari nungguan nu
tatahar mungkas acara, anjeun ngajak gunem. Nembrakkeun kapunjulan sastrana.
Pogot puguh ngabandunganana. Asa éra parada sabab éléh pamanggih. Hanjakal,
harita téh panungtungan lawungan sastra.
Hapé disada, aya
sms ti anjeun. Klik dibaca bari nyumput.
“Téh, abdi di
payuneun kampus.”
“Di kelas kénéh,
ngiuhan heula atuh ka tempat parkir, Kang. Engké tepang di dinya. Diantos
sakedap.” walon kuring bari haté kacida bagjana.
Pengawas ujian
kaluar, teu sirikna lumpat ka tempat parkir téh. Bari dina pipikiran mah
kokolébatan waé pasemon, cara imut, sikep, jeung cara nyarita anjeun. Komo
halis nu ngembat luhureun kongkolak panonna mah. Duuuh, mani hayang geura
tepung. Hayang geura ningali halisna. Hayang geura mapalérkeun nu dulugdugdag
dina haté.
Barang tepung, awak
nu jangkung téh katingali cipruk. Buuk nu kelir coklat semu beureum wé nu teu
baseuh téh. Anjeun maké sendal capit paranti ka gunung, dicalana panjang jeans hideung, maké kaos laju dijékét
hideung. Résléting jékétna dibukakeun. Jam tangan hideung nolol dina
pigeulangna. Mantes jeung nyari wé katingalina da pakulitana bodas ti dituna.
Ari waktuna embut panonna rada sipit. Mungguh matak niruk kana jajantung. Naha
anjeun nyaho, yén aya nu sok maling neuteup bulu halisna?
Langit beuki
surak, émprak ku cai hujan. Réma teuing ku tiis kacida lir dibulen salju basa
song sasalaman téh. Komo basa cegna pisan mah. Tiis, lir carpon “Salju dina
Bulu Panon”. Rasa nu dianteurkeun tina réma anjeun susulusup laun-laun kana
haté. Éndah téh.
Ti dinya, mimiti
teu wasa ningali halis anjeun deui. Halis nu mun diteuteup téh geus karuhan
matak ngageterkeun saalam sukma. Ku ngadangu anjeun nu keur cacarita gé, geus
aya nu gegeleseran dina haté siga keur maén sky dina jukut és nu dicaritakeun
ku Pa Us Tiarsa dina carpon “Diantos di Sarayévo”. Teuing naon eusining gunem
anjeun, da ieu pangacian kabur tiheula ninggalkeun dununganana.
Bohong mun
anjeun teu ngarasa hal anu sarua téh. Da geuning sanggeus nampa buku, anjeun teu
terus mulang. Kalah méré hiji amplop eusi naskah carpon tuluy ngajak nganteurkeun
balik. Anjeun ngasongkeun hélem. Hélem ditampa, bari keukeuh teu wani neuteup
anjeun.
Clé tukangeun
anjeun. Ceg, réma nyekelan kana cangkéng anjeun. Biur, meulah hujan nu kari
miripisna. Moal dicaritakeun sagemblengna, naon nu digunemkeun antara haté
jeung haté nalika meulah jalan layang Pasopati. Moal dicaritakeun sagemblengna,
naon anu dipilampah antara réma jeung cekelanana nalika cai hujan beuki rembes
kana sela-sela haté.
“Ati-ati Téh,
padahal maghrib heula tadi téh.” Sms ti anjeun basa geus nepi di imah kuring
daérah Cicadas. Hujan nu sakitu keur séahna milu ngémprakan ieu rasa. Hawa
banget tiis tapi dina jero dada aya cahya nu sanajan kakalicesan, karasana
mungguh haneut.
Anjeun nyaho,
moal ku saha deui diropéana carpon téh. Pancén téh pan narima naskah jeung
milah-milah mana nu alus pikeun naék citak. Nepi ka wanci tengah peuting maca
naskah carpon ti anjeun téh. Dibaca sababaraha kali balikan sina bener ébréh
maksud nu nyamuni téh. Naskah carpon nu sanggeus ditalungtik makna
kecap-kecapna, matak héhéaban panas kana awak. Naskah carpon nu ceuk pamanggih
sapribadieun mah, sastrana éstu hirup dina unggal kecapna. Gaya basana
ngaharib-harib gaya Pa Us Tiarsa dina “Goong Kaimpi Totos”.
Naskah carpon nu
mundut pamuseur pikiran. Naskah carpon nu boh caritana boh tokohna, sanggeus
dipikir sabaraha kali balikan, asa sarua jeung nu keur karandapan. Hiji carita
ngeunaan lalaki nu keur nganti-nganti jawaban “muhun” ti hiji wanoja.
Moal diropéa,
geus wé langsung dibikeun sagemblengna naskah téh ka rapat rédaksi isuk. Inggis
ngurangan eusina.
Naskah bacaeun numpuk kénéh. Panon geus beurat
kacida. Isuk, Saptu téh rapat rédaksi majalah mahasiswa. Kudu geus sadia naskah
nu dipilih keur naék citak jeung alesan naon punjulna. Deadline! Majalah mahasiswa kudu maneuh medal Salasa awal bulan.
“Naskah carponna
tos diaos? Kumaha tiasa ditampi?” Sms ti anjeun basa panon geus reupreupan. Dumadakan
cénghar deui.
Uleng mikir salila-lila,
dibales kieu, “atos. Upami ieu carita pondok luyu saur rapat rédaksi énjing, sareng
tiasa naék citak, hartosna baris aya carita panjang. Diantos wé engké kaputusanana
édisi Salasa payun.”
Haté banget
kebek ku kabungah. Bawirasa geus dikirim smsna mah, haté asa reugreug. Asa
reueus ka diri sorangan pédah bisa malikkeun kapanasaran keur anjeun kalawan
merenah. Keun antep sina teu bisa saré!
Hapé disada
deui, “mugia laksana, tiasa ditampi. Sabab trésna téh lain ngan kudu
dihirupkeun dina alam ciciptan, tapi mungguh kudu dihuripkeun dina kanyataan.”
Teu ieuh dijawab
deui, ngan dina lambaran haté, mimiti aya bubuka pikeun hiji carita. Carita nu
nganti disorang. Carita nu pasti éndah pikeun nu ngalalampahna.
Mujahidin, Februari 2011
Haturan “Halis Pasir”
Midang dina Manglé, 2402 (6 November-12
Desember 2012) Kaca 20

Komentar
Posting Komentar