Dina Sujud Pamungkas
Carpon:
Anggi Novia Dewi
Panonpoé keur meujeuhna mentrang basa kuring balik mawa dus eusi sembako
téh. Teu sirikna panas embun-embunan. Sirah jejedudan. Tikoro garing. Késang
ngoprot saawak-awak. Késangna nyurulung maseuhan cindung, maseuhan kabaya,
maseuhan sinjang. Maseuhan angin, maseuhan jalan tincakeun, maseuhan dus. Parat
nepi ka maseuhan rasa kabungah, yén sekeudeung deui kuring bisa ngawujudkeun
rasa kadeudeuh keur anak jeung incu.
Saléngkah-saléngkah, milang léngkah bari milang umur. Geus nepi ka mana
jalan nu disorang téh? Kacida panjangna jalan téh, sedeng léngkah beuki karasa
beuratna. Angen-angen mah hayang geura cunduk ka tempat anu ditujul. Ka tempat
nu liuh, ka tempat nu tingtrim, ka tempat di mana udagan jeung tarékah jadi
puseur harepan unggal manusa. Tempat di mana leunjeuran kabagjaan jeung
kakingkin awor jadi tali asah, asih, jeung asuh. Ka imah nu ngan sagowok.
Suku geus léklok. Leungeun geus teu kuat cangkeul. Tulang walikat geus
karasa panas. Mes-mes dus dicekel ku dua bari diangsrodkeun kana cangkéng.
Mes-mes dus nyorosod téréh murag. Angkot jeung ojeg gé lalar-liwat nawaran.
Hayang ari naékna mah, ngan teu boga keur mayarna.
Salénglah-saléngkah. Leumpang beuki gagaléongan. Leungeun beuki teu kuat
mawa dus. Sorosod, geblug! Dus ninggang kana indung suku. Kerenyed, suku
jejedudan parat nyerina kana angen nu keur kukurubukan. Atuh ti sirah nepi ka
dampal suku jejedudanana téh. Brug, awak labuh. Kuring andiprek dina taneuh. Dus
diiserkeun. Untung wé eusina teu amburacak ka luar.
Tukang ojég nu keur mangkal nyalampeurkeun.
“Ku naon, Ma?” ceuk tukang ojég nu maké kaos gambar partéy jeung dijékét
kulit.
“I..ieu Ujang, su...suku mani geus teu kuat. Cing anteurkeun Ema ka
tonggoh! Daék?”
“Ka tonggohna ka mana?” ceuk baturna.
“Ka Cicabé,” ceuk kuring bari nyekelan indung suku.
“Boga ongkosna?”
“Na Ujang, abong ka nini-nini. Rido ihlas wé atuh, nawaétu nyieun
kahadéan di bulan puasa.”
Tukang ojég tingrarérét. Gararideug bari ngalaléos. Nu maké kaos partéy
téa nu teu ngaléos teh. Manéhna mencrong kuring semu nu watireun. Gog nagog
dihareupeun kuring. Rét kana dus.
“Naon waé eusina, Ma?”
“Sembako Ujang. Ema dibéré sembako ti masjid agung.”
“Geuning aya pembagian sembako? Ari kuring teu kabagéan padahal sarua
warga Cicabé?”
“Puguh ngan Ema wungkul. Éta gé paméré kuponna ti Cép RT buruh meuseul.”
“Kutan, teu adil atuh ari kitu mah. Ginding ku kituna mah maké aya
sarung sagala rupa?” cenah bari mariksa dus.
“Ah, ceuk saha?”
“Ieu aya tulisanana.”
“Kutan téh kitu? Cing
pangmacakeun Ujang, naon waé cenah eusina?”
“Sakitu aksarana gararegé bari dicitak beureum, teu katingali kénéh kitu?”
“His, lain teu katingali. Teu bisa macana!”
“Aya minyak kalapa saléter, susu sakaléng, kuéh sabungkus, sardén
sakaléng, béas dua kilo, sarung hiji, jeung sajadah hiji. Geuning mani loba
eusina?”
“Paingan teuing mani beurat mawana,” ceuk kuring bari ngilikan riuk nu
maca.
“Keur abdi sarungna, Ma! Engké dianteurkeun,” ceuk tukang ojég.
“Entong sarungna atuh Ujang, keur anak Ema. Kuéh wé atawa béas sakilo?”
“Ah, rugi atuh. Jaba dibayar lain ku duit!” cenah bari ngaléos semu
ngagidig.
Kuring ditinggalkeun. Ti kajauhan baturna nyareungseurikeun. Jalma nu
ngalaliwat ngan katingali sukuna wungkul, da kuring teu wani ngarérét sabab
cimata ampir merebey. Aya nu dikelom, disendal capit, jeung disapatu, kabéh gé
taya nu nanya. Nu nanya téh ngan kedeprukna jeung kekebul jalan nu ngangsreg
kana irung.
Kuring ngusap cipanon ku tungtung cindung. Jung nangtung nguat-nguatkeun
manéh. Saléngkah-saléngkah, ngaléngkahkeun sésa tanaga ngudag harepan. Dus diakod
ditalian ku cindung. Tonggong beuki cueut ka hareup. “Ujang! Nyai! Incu Ema nu
balageur! Ieu Ema datang, mawa dus eusi sembako. Geura bagéakeun, Geulis,
Kasép!” ceuk haté surak.
Saléngkah-saléngkah, milang léngkah bari milang umur. Geus nepi ka mana
jalan nu disorang téh? Jog ka hareupeun pangkalan ojég. Maranéhna marelong.
Tingkecewis. Tuluy mariceun beungeut bari nyeungseurikeun.
Kabaya nu dirapih-rapih téh cipruk ku késang. Sinjang nyingsat. Tadina
mah bisi kudu sasalaman jeung pangagung, matak dibaju rada mantes. Hayang wé
atuh dihargaan. Masing kasebutna fakir miskin jeung kaom dhuafa gé. Dina
emprona mah, pangagungna teu nyondong. Ngan sembakona wé dibagikeun ku pangurus
masjid nu katitipan.
Kabagéan sembako sotéh pédah wé boga kupona ti Cép RT. Sabenerna mah
kupon keur warga lembur Cijambé éta téh. Warga lembur Cicabé mah teu meunang
jatah kupon sembako. Ngan budak Cép RT jeneng jadi Sékdés. Mimitina mah dihiap
pangmeuseulankeun siga sasarina. Alhamdulillah, kapaké. Saurna mah geunaheun,
leungit nu cangkeulna, dug wéh tibra saréna. Isuk-isuk awakna sok jagjag deui
sabihari.
Balik meuseul sasarina dibahanan béas ku garwana. Seja nampi badé
diburuhan naon ogé, rék loba rék saeutik, moal nampik. Ari kamari balik meuseul
téh diburuhan kertas saciwir. Ceuk garwana éta téh kupon sembako, tukeurkeuneun
ka masjid agung.
Saléngkah-saléngkah, milang léngkah bari milang umur. Geus nepi ka mana
jalan nu disorang téh? Jog ka gapura lembur Cicabé. Haté beuki kumejot hayang
buru nepi ka imah. Késang nu renung dina taar disusutan ku tungtung cindung.
Saléngkah-saléngkah, milang léngkah bari milang umur. Geus nepi ka mana
jalan nu disorang téh? Jog ka lembur Cicabé, tatangga padananya. Sakeudeung
deui, sakeudeung deui jalan panjang nu disorang téh baris lekasan. Layung katingali
mimiti hibar.
Barang datang, incu tiluanana nyalampeurkeun. “Asik, Enin nyandak
oléh-oléh!” cenah surak. Bungah dibagéakeun ku incu, mani teu sirikna
raranggah. Dus dibuka ku kuring, incu ngadarepong bari gepyak. Ku kuring dihuit
sina répéh sabab dus hésé dibuka waé.
Barang kabuka saeutik, nu cikal ngarontok eusina. Mawa susu kaléng. Nu
panengah sarua ngarontok mawa kuéh sabungkus. Nu bungsu ceurik teu kabagéan
susu, atuh lolongséran sabab diénéng-énéng susu kaléng ku lanceukna.
Kuring ngupahan nu bungsu. Dus dibuka dibérébétkeun. Néangan kaléng
sardén niat téh rék ngabébénjokeun. Da karék dua taun ieuh moal ngartieun naon
eusina. Minyak kalapa dikaluarkeun, tuluy béas, sarung, jeung...” kuring
ngahuleng. Salah maca kitu tadi tukang ojég. Cenah aya sardén jeung sarung. Geuning
euweuh? Moal enya ari murag mah, da geuning dus téh dibakutet ku pangrapet. Dus
geus copong. Minyak, béas, jeung sajadah kari sakitu eusina mah.
Kuring ngageroan nu cikal da geus bisa maca. “Cing pangmacakeun, Ujang
da bageur!” Nu maca nereleng, kuring nataan eusi dus. Enya sardén jeung sarung
euweuh. Aya rasa handeueul, tapi henteu ari kedal mah. Nu bungsu diupahan sina
répéh.
Wanci geus téréh ka magrib, indung bapana karék jol ti sawah. Minantu
jeung anak nganaha-naha teu ngabéjaan yén rék mawa sembako. Kuring kéképéhan
embung ngariweuhkeun. Minantu mani nunuhunan pisan dibéré minyak jeung béas
téh. Béas langsung diasakan, minyak dipaké masak. Bapana dibéré sajadah téh
embung.
“Ema, abdi nu kudu masihan téh. Keun anggo waé ku Ema. Peupeuriheun abdi
teu can tiasa mulang tarima,” cenah bari tungkul.
“Keun baé atuh, Ujang. Tadina Ema hayang méré sarung keur sholat id, pék
sarungna euweuh. Kajeun digantian ku sajadah,” ceuk kuring bari ngasongkeun
sajadah.
“Kanyaah Ema ditampi, mung sajadahna ku abdi diwangsulkeun deui ka Ema.
Keun abdi mah engké nambut wé ka Ema,” cenah bari ngusapan budakna nu bungsu.
Ngong adan maghrib. Brak bararuka puasa balakecrakan. Saminggu deui
puasa téh, incuna ngarenghik wé ka bapana ménta baju weuteuh keur lebaran.
Sajadah anyar diamparkeun di kamer madep ka kiblat. Prak sholat magrib.
Teu cengkat deui geus sholat magrib téh, rék maca qur’an. Hayang tamat puasa
ogé hatam qur’an.
Ngong adan, tuluy sholat isya. Takbir tuluy iftitah
tumaninah kana manah. Basa kuring ngagalindengkeun bismillah, ngembatna hurup ba lir ngembatna walungan madu di taman
surga impian téa. Panggih jeung hurup sin,
saban angina nu ngahiliwir ngusapan kulit éstu matak tiis tingtrim kana
mamaras. Réngkolna mim, apan tanda
sumujud makhluk ka Mantenna kana sakur ni’mat. Alif, lam, lam, ha taya
lian iwal Alloh nu maha kawasa.
Dina sujud pamungkas, teu kendat-kendat manglaksa dunga diharéwoskeun ka
Anjeuna. Lalaunan bet kapireng galindeng sora diri basa mimiti diajar ngaji
dituyun ku indung. “Bé sin jéér bis. Mim, alif, elam, elam, tasjid jéér mil.
Bismil. Alif elam jabar la, ha alif elam ero tasjid jéér hir. Bismillaahir.”
Galindeng sora indung beuki écés nuyun. “Hayu tuluykeun deui...” Gusti, anjeuna
ngolébat pisan, imut bari ngagentraan. Kalawan nyebat asmana Alloh, sadaya-daya
anu Mantenna.
Mujahidin, 8 Juli 2012
Kahatur pun ibu
Midang dina Manglé, 2388 (23-29 Agustus 2012) kaca 40

Komentar
Posting Komentar