HANDAPEUN LANGIT KULAWU
Carpon:
Anggi Novia Dewi
Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal
ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna
cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab
kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit
bakal beuki éndah katumbirian.
Handapeun langit nu kulawu, kuring kungsi ngabedahkeun cimata dina
handapeun tetenger makam indung. Sora ceurikna nu awong-awongan ngan awor dina
jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji
jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku
tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadzkeun runtuyan dunga, sedeng leungeun
ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal
ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras.
Ti harita, kuring sok resep neuteup langit kulawu. Cumeluk nepi ka hujan
cluk-clak. Sanajan hawa jadi tiis, tapi kuring laluasa pikeun ngumbar lamunan.
Nyawang rupa-rupa kajadian nu geus karandapan nalika hujan marengan.
Nepi ka hujan ngagebrét tarik, kuring sok resep nadahkeun dampal
leungeun bari tanggah. Nampanan mangréwu keclak caina tuluy diranggeum sina merebey
kana sela-sela réma. Lir nu sapagodos, cimata merebey tembres sésélékét niisan
haté.
Ti harita, kuring gé sok resep mireng sora guludug. Beuki ngajelegur
sorana, beuki neunggar karasana dina dada.
“Raini, hujan!” kitu haréwos angin tiis téh.
Leungeun kuring sok tuluy aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana.
Ngan nu karasa awak jadi baseuh, geutih asa teu ngumalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur Apa téh.
Awak kuring sok tuluy dipayungan, dipapahkeun kanu teu kahujanan.
Sanggeus kuring disalin, Apa sok mangninyuhkeun cai éntéh amis. Laju nyarios
perkara panti. Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita Apa.
Kuring ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Di panti téh bakal loba babaturan, bakal aya nu ngurus kuring, bakal aya
ibu jeung bapa panti nu kanyaahna sarua, bakal aya ...
Teu kapireng, naon deui nu bakal aya di panti saur Apa. Sabab nu leuwih
kapireng téh sora haté nu nyebutkeun yén, “di panti mah moal aya Apa, moal aya
kanyaah Apa.”
Mimiti dianteurkeun ka panti ku Apa, dua kantong eusi pakéan jeung
barang kuring lianna. Sanggeus cacarios jeung pibakaleun bapa panti, Apa
ngambung embun-embunan kuring, tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu
dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang
Apa nu taya hinggana.
Harita, langit gé pulas kulawu. Hayang teuing der ngagebrét hujan sing
badag sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di panti kahalang. Sangkan upama
kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangen merebeyna cimata, ogé teu kapireng
hingna sora ceurik.
Tapi hujan mimiti cluk-clak nalika Apa geus ninggalkeun kuring, nalika
tonggong Apa geus leungit tina teuteupan kuring. Indung panti nyampeurkeun
tuluy ngusapan tonggong, kuring ngan wasa tungkul bari nahan mangréwu cimata
pihujaneun dina haté.
Ti harita kuring pisah jeung Apa, ngarandapan cicing di panti. Unggal
poé, nu ditutungguan iwal Apa. Sanajan aya bapa panti, sanajan enya sarua
asihna, tapi geterna kana haté éstu béda.
Ti harita langit dina haté kuring gé kelirna kulawu. Sanajan
dicangra-cangra ku sorot kaasih ti ibu jeung babaturan panti, tapi cangrana asa
béda. Henteu béngras pisan. Kari nganti, hujan iraha clakna.
Apa! Iraha badé ka panti? ceuk sora haté galécok tumanya ka diri.
Hiji mangsa hujan ngeclak tuluy ngagebrét tarik, kuring balik ti sakola
ka panti. Angin tiis ngaharéwos deui, “Raini, hujan!”
Haté kacida bungahna. Sabab kuring bisa merebeykeun cimata jeung teu éra
nyorakeun hing ceurik. Gogorowokan ngangentraan Apa, patarik-tarik jeung sora
guludug. Ngumbar lamunan, nyawang deui rupa-rupa kajadian nu geus karandapan
nalika hujan marengan.
“Apa! Raini hoyong tepang!” Haté galécok jeung cihujan.
Leungeun kuring karasa aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana.
Ngan nu karasa awak jadi baseuh, geutih asa teu ngumalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur bapa panti téh.
Awak kuring tuluy dipayungan, dipapahkeun kanu teu kahujanan. Sanggeus
kuring disalin, ibu panti masihan cai haneut. Laju nyarios perkara Apa. Di
luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita ibu panti. Kuring ngan wasa
unggut, da biwir mah asa rapet.
Kedah sabar, ikhlas, tumarima kana takdir, sing betah, aya ibu jeung
bapa panti nu sayaga masihan kanyaah, aya ...
Teu kapireng, naon deui nu disaurkeun ku ibu panti. Sabab nu leuwih
kapireng téh sora haté nu galécok cumarita, “Apa! Raini hoyong tepang!”
Isukna awak kuring harééng. Ibu panti siang wengi ngajaga kuring.
Ngahuapan, masihan obat, jeung ngomprés kuring. Bapa panti ngusahakeun
manggihkeun kuring jeung Apa.
Geus rada cageur, Apa ngalongok kuring di panti. Saharita langit haté
kuring nu kulawu téh jadi cangra. Taya pihujaneun saeutik-eutik acan. Barang
gok pasanggrok gé, kuring ngagabrug, tuluy ngeukeupan Apa. Neueulkeun sirah
kana dada Apa. Karasa aya nu ngeclak kana embun-embunan, cisoca Apa. Karasana
bungah kacida panggih deui jeung Apa.
Awak asa hararampang, nu rarieut téh jadi ngurangan. Komo basa Apa
ngahuapan kuring buah arumanis, jiwa nu asa gorowong ku tatu nu taya wujudna
téh asa kaubaran. Laun-laun hégar deui.
Apa kulem di panti sawengi. Haté reugreug kacida, sanajan teu mondok
sakamer jeung Apa. Énjing-énjing pisan Apa angkat ti panti téh, panonpoé gé
karék meleték.
Sanggeus cacarios jeung bapa panti, Apa ngambung embun-embunan kuring,
tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina
kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang Apa nu taya hinggana. Raray Apa
kaciri rada kanyosna. Kuring ngan wasa unggut, imut saeutik bari dina jero haté
mah ngarakacak.
Harita, langit haté kuring nu cangra laun-laun jadi kulawu deui. Hayang
teuing der ngagebrét hujan sing badag sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di
panti kahalang. Sangkan upama kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangen merebeyna
cimata, ogé teu kapireng hingna sora ceurik.
Kuring pisah deui jeung Apa. Ngan haté teu lewang teuing, isuk jaganing
pagéto kuring masih bisa papanggih deui jeung Apa. Teu kawas hayang panggih
jeung Ambu nu geus mulang ka kalanggengan. Teu kawas babaturan kuring nu Ambu
jeung Apana geus taya dikieuna.
Ayeuna mah mun hujan geus réngsé, kuring karék hayang nyawang langit.
Hayang ngagambar raray Apa dina langit nu cangra tuluy diteundeun dina langit
haté kuring. Komo mun aya katumbiri, kuring sok tuluy tanggah. Lir imut Apa,
melengkungna katumbiri mapaés mamaras rasa.
Sababaraha minggu ti harita,
kuring mimiti betah cicing di panti. Ibu, bapa, jeung babaturan panti mimiti
karasa anteb kanyaahna. Cahya panonpoé mimiti meleték dina langit haté kuring.
Haneutna mimiti sumarambah.
Teu lila langit haté kuring cangra téh, Apa ninggalkeun kuring ka
kalanggenganna. Kacida handeueul, sabab kuring dibéjaan sanggeus Apa
dikurebkeun.
Handapeun langit nu kulawu, kuring ngabedahkeun deui cimata dina
handapeun tetenger Apa. Sora ceurikna nu awong-awongan ngan awor dina jero
dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh ngahiji jeung
keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku
tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadzkeun runtuyan dunga, sedeng leungeun
ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun nanaon iwal
ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras.
Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal
ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal salawasna
cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung wancina. Sabab
kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot cahya panonpoé, langit
bakal beuki éndah katumbirian.
Di panti, éta katumbiri téh mimiti mapaésan langit haté kuring.
Baitii, 8
Oktober 2013
Kahatur utun
inji
kantos medal dina buku antologi "Kembang-Kembang nu Mangkak"

Komentar
Posting Komentar