Sapatu, Jarum, jeung Bilatung
carpon:
Anggi Novia Dewi
Gebru! Mangpirang-pirang runtah diketrukkeun tina treuk gedé. Sorana
handaruan lir taneuh urug. Mangpirang treuk, mangpirang runtah. Runtah ti
suklakna ti siklukna ngumpul di tempat pamiceunan pamungkas. Tempat pamiceunan
sésa-sésa kahirupan manusa.
Mangpirang manusa mapag bareng jeung ngagimbungna laleur. Néangan
sésa-sésa kahirupan pikeun manjangkeun kahirupan. Paboro-boro, paloba-loba.
Ngumpulkeun sagala rupa nu masih miboga harga pikeun ditukeurkeun jeung rupiah.
Teu maliré bau nu maturan unggal rénghap jeung rurujit nu ngalingkupan,
nu aya dina haténa ngan harepan lir tingkaretipna béntang nu keur
mayungan.
Lir taya eureunna, treuk gedé
ngetrukkeun runtah nu ngahunyud jadi tutugan, lamping, pasir, antukna jadi gunung. Isuk-isuk,
beurang, kitu deui jeung kiwari mangsa janari. Mangsa nu lianna dipépéndé alam
impénan.
Treuk piligenti mudalkeun eusi nu
diangkutna. Sagala rupa, sésa nu gedéna nu leutikna pagaliwota, pada-pada
kotor. Pada-pada ngaliarkeun binih-binih kasakit. Pada-pada nyambuangkeun bauna
kahirupan sésa. Kairupan pamungkas, kahirupan nu boa baris lumangsung
deui.
Teu kaliwat, sapatu butut, jarum karahaan, ogé bilatung. Pagaliwota di
lamping gundukan runtah. Taya nu mirengeuh yén tiluanana pada galécok silih
cumarita.
Kedepruk...kedepruk...kitu biasana sora kami. Sapatu mérék luar negeri nu
asalna dipaké olah raga ku juragan kahiji. Dibikeun ka dulurna, dipaké ku
anakna, dijual ka babaturanana. Geus cewaw, dijual ka tukang rongsokan. Dibeuli
ku juragan kalima. Tuluy dioméan ku inyana. Dipaké ngider ti isuk nepika soré,
bari ceuceuleuweungan sol sepatu...sol sepatu...nepika serak,
sorana handaruan ngahiung kana ceuli jadi sol
patu...sol patu...
Sasarina paduduaan. Nurub cupu najan teu sarimbag. Satujuan najan teu
ngaléngkah babarengan. Sauyunan najan béda posisi, lebah kénca lebah katuhu.
Sadarajat, taya nu umaing hayang leuwih luhur.
Sapapait samamanis. Kapanasan, kahujanan, kakebulan, nincak nu beresih,
nincak nu kotor, nincak sagala rupa. Teu kawasa kukumaha, sabab teu nyawaan.
Tumampi kana kawasa suku nu ngobahkeun ka mana léngkah rék ngaléosna. Dina
lapangan golf nincakan jukut bari papanasan dibawa ka kalér ka kidul. Atawa
dipaké lulumpatan nunutur bal ka mana ngagorolongna. Atawa marengan léngkah
nyiar kipayah. Kami tumut kumaha juragan. Kénca katuhu kénca katuhu,
kekedeprukan lir wirahma kahirupan.
Sasarina kami diteundeun dina étalaseu hiji toko. Dina dus paduduaan
silih teuteup, galécok pada-pada ngumbar kasono nu hamo bisa disorang ngajadi
tresna. Dina erak sapatu, paling copél di téras gigireun lawang panto. Hanjakal
kami ngan kari nyabeulah, ku sabab kitu, taya nu pirajeuneun mulung. Hirup
nyorangan téh éstu matak keueung. Komo kudu bari jeung nyorang dunya nu anyar.
Kiwari kudu nyorang dunya anyar nu pinuh ku makhluk ahéng. Tempat
pamiceunan pamungkas. Pagaliwota jeung runtah lianna, sésa kahirupan manusa.
Kagaley dina cai kolombéran. Katindihan deui ku runtah nu anyar jol. Belewuk,
taya rupa.
Gebru! Mangpirang-pirang runtah diketrukkeun deui tina treuk gedé.
Sorana handaruan lir taneuh urug. Mangpirang treuk, mangpirang runtah. Runtah
ti suklakna ti siklukna ngumpul di tempat pamiceunan pamungkas. Tempat
pamiceunan sésa-sésa kahirupan manusa.
Peuting terus ngagayuh ka subuhnakeun. Manusa beuki rohaka
nyuay-nyuaykeun runtah, néangan nu baris bisa ditukeurkeun jeung rupiah.
Mangpirang laleur ngagimbung. Manusa jeung laleur pada-pada néangan sésa-sésa
kahirupan pikeun manjangkeun kahirupan. Paboro-boro, paloba-loba. Ngumpulkeun
sagala rupa nu masih miboga harga pikeun ditukeurkeun jeung rupiah.
Jos, aw... kitu mun katojos ku kami mah. Tapi kami mah lain
jarum suntik, kami mah jarum kécos. Leutik, cungkring, buntutna ngambay
panjang. Pancén kami nojoskeun manéh kana kaén nepika bolong, meulitkeun bola
jadi hiji kaputan. Nepungkeun babagian
kaén nu asalna geus diguntingan, geus direcah dipisah-pisah ajangkeuneun baju
pikeun nutupan babagian awak. Nu asalna pasoléngkrah pajauh aing-aingan, ku
kami ditepungkeun. Dipaheutkeun nepika éndah. Nepika ngawujud jadi baju.
Bungkus manusa.
Réngsé nepungkeun hiji bagian baju, buntut kami digunting. Geus
digunting, buntut kami dipurintilkeun sina maheut deui. Jos deui kana kaén. Jos
ka luhur tuluy buntut kami dikenyang, geus maheut jos ka handap tuluy buntut
kami dikenyang deui. Nyorang deui lalampahan anyar nuturkeun galur kaputan.
Rupaning kelir mapaésan kaén. Hideung, bodas, beureum, konéng, jeung
héjo. Kami teu bisa pipilih. Rupaning cara ngécos, saluyu jeung tujuana. Kécos jalujur,
kécos soom, kécos péston, kécos silang, kécos ranté, jeung kécos planél.
Baréto méméh karahaan, méméh kami dipiceun tur ngahiji jeung gulungan
runtah sésa kahirupan manusa, kami kungsi dicekel ku hiji awéwé. Manéhna sok
ngécos baju salakina nu cewaw kaputanana. Masang kancing. Masang atribut kana
baju seragam. Atawa nyieun sarung bantal jeung taplak méja.
Hiji mangsa, kami nojos kana curukna. Manéhna ceurik kanyenyerian.
Eueuriheun siga nu ngemu kasedih dina dirina. Sanggeus ngubaran tatu nu katojos
ku kami, manéhna galécok cumarita. Cenah katojos téh lain salah kuring. Salah
manéhna nu teu ati-ati. Malaweung sabab loba anu dipikiran.
Mangréwu rusiah, kapeurih, jeung kanyeri dina haténa dileupaskeun bareng
jeung nojosna kuring kana kaén. Mangréwu kaputan, mangréwu carita nu
dikedalkeun dibarengan ku citangis. Carita nu hamo bisa dikedalkeun ka batur.
Manéhna ngan wakca balaka ka kami. Ka mahluk tan nyawa nu hamo bisa walakaya
iwal mun diobahkeun ku manéhna.
Saéstuna lain kami nu ngajawab unggal pananya manéhna. Pananya nu
paselang jeung merebeyna cimata, clak maseuhan kaén. Lain kami, ngan manéhna
percaya yén kami nu nganteurkeun unggal jawaban ka dirina ngaliwatan unggal
kécos nu dipaheutkeun. Saéstuna jeroeun dirina nu galécok ngajawab téh.
Ngaliwatan kécos jalujur, nu di jeroeun dirina nandeskeun yén kahirupan
di alam dunya téh hamo lana. Ngan saheulaanan. Sok sanajan kitu, léngkah naon
waé di alam dunya bakal nangtukeun kahirupan nu lana.
Harta, jabatan, anak, salaki, kagenah jeung katugenah piligenti maturan.
Cenah salakina leuwih nyaah kanu ngora. Antukna leuwih betah cicing di ditu.
Budakna nu ngan hiji-hijina arang balik ka imah. Ngan keclak cimata nu marengan
manéhna. Nyaho sotéh pédah seragam salakina nu cewaw keur dikécos ku kami. Siga
sasarina manéhna cumarita ngaliwatan kaputan nu dipaheutkeun.
Kalan-kalan kaén nu keur dikécos téh nepika juuh ku cimata. Kalan-kalan
manéhna ngambung kaénna. Ngararasakeun seungitna. Seungit awak salakina, lalaki
nu pangdipicangcamna. Lalaki nu keur nyeuitan tatu dina jero dadana.
Ngécos jalujur, dimimitian ku nojoskeun jarum ti jero ka luar. Nu di
jeroeun dirina nandeskeun yén sagala rupa nu bakal tumiba ka diri dimimitian
tina niat. Hadé atawa goréng.
Ngaliwatan kécos soom, tungtung kaén dilipet dua atawa tilu kali
lipetan. Nu di jeroeun dirina nandeskeun yén nutupan hal kagoréngan ku kahadéan
bakal ngahasilkeun kaputan nu rapih, rérés roés, tur sampurna.
Teu ieuh kudu ngabolékérkeun kasalahan batur. Sanajan haté mah hamo bisa
dibohongan. Mun seja ngagugu napsu mah, manéhna tangtu geus ménta papisah. Lain
seja megatkeun duriat nu nganteng tapi sangkan taya nu kanyenyerian, boh
manéhna boh itu.
Nalika manéhna cumarita ngeunaan si itu, nya kami pisan nu sok dikenyang
rada tarikna. Tungtung kaén nepika ngerut. Bola nepika pakusut. Aya kalana
kécosan dicangreudkeun pageuh maké tanaga nu leuwih bedas béda ti sasarina.
Ngagunting bola bangun nu daria lir hayang megatkeun sagala kapeurih nu
nyangkaruk dina sukmana.
Mimimdengna mah kami nojos kana curuk atawa indung leungeunna. Nepika
manéhna ngerenyed atawa merebey getihan tatuna. Tapi siga sasarina, manéhna
nyarita yén katojos téh lain salah kuring. Salah manéhna nu teu ati-ati.
Malaweung sabab loba anu dipikiran.
Ari ilaing kumaha, bilatung? Ceuk sapatu méh bareng jeung jarum kécos.
Nu di tanya réhé, hare-haré.
Gebru! Mangpirang-pirang runtah diketrukkeun deui tina treuk gedé.
Sorana handaruan lir taneuh urug. Mangpirang treuk, mangpirang runtah. Runtah
ti suklakna ti siklukna ngumpul di tempat pamiceunan pamungkas. Tempat
pamiceunan sésa-sésa kahirupan manusa.
Subuh beuki ngagayuh. Manusa beuki rohaka nyuay-nyuaykeun runtah,
néangan nu baris bisa ditukeurkeun jeung rupiah. Mangpirang laleur ngagimbung.
Manusa jeung laleur pada-pada néangan sésa-sésa kahirupan pikeun manjangkeun
kahirupan. Paboro-boro, paloba-loba. Ngumpulkeun sagala rupa nu masih miboga
harga pikeun ditukeurkeun jeung rupiah.
Kami mah mahluk anu ngan nyaho
kana dahar, kawin, jeung paéh. Bilatung karék cumarita sanggeus runtah nu keur
disirekemanana kasuaykeun ku nu néangan rupiah. Makhluk nu dipikageuleuh.
Makhluk nu disingkahan ku manusa. Upamana nyamuni dina dahareun, sok kalah
nyalahkeun kami, antukna éta dahareun téh taya ajénna, teu tulus dibeuli
antukna dipiceun.
Ngan waé kuring téh tinangtu bakal marengan maranéhna awal ahir gé.
Marengan maranéhna nalika geus nepi kana liang kubur. Marengan peuting
munggaran nu simpé. Ngarobah maranéhna jadi taneuh deui. Nyakséni patarosan
alam kubur ti malaikat Munkar jeung Nakir. Man
Robbuka?Ma Diinuka? Man Nabiyyuka? Ma Kitabuka? Aina Qiblatuka? Man Ikhwanuka?
Tingarutek dina unggal babagian anggahota awakna. Ngahakanan dagingna,
nyedot unggal cai nu nyangkaruk nyésa dina ragana. Raga bungkus jiwa, raga nu
dipupusti jeung dipulasara ku inyana. Raga nu baris ngalebur deui jeung
asalna...
Sora nu keur galécok téh ilang sapada harita. Kasilih ku sora handaruan
nu datang deui ti mumunggang gunung runtah lir taneuh urug. Gebru!
Mangpirang-pirang runtah diketrukkeun deui tina treuk gedé. Ngan kiwari mah
bareng jeung nguniangna cahya panonpoé nu hibar ngalingkupan langit
harepan.
Nanggeleng, 17 Februari 2017
Kahatur Salima
jeung Alfath
Kantos kasinugrahan carpon pinilih Majalah Mangle

Komentar
Posting Komentar