TILU QUL
Carpon: Anggi Novia Dewi “Hih, naha saré téh mani tibra-tibra teuing.” Ceuk haté bari ngusap beungeut. Gigisik bari c engkat. Ningali geus tabuh opat. “Tobat...kabeurangan ieu mah, moal kaburu mandi sigana mah!” Jung nangtung bari nungkup biwir nutupan heuay. Panon karasa haneut, cimataan. Tuluy babatek. Lah, naha mani asa ku nyareri awak jeung rarieut ieu téh. Asup angin kitu? Padahal lain sataun dua taun saré dina ubin nu ngan ditilaman kasur busa ipis téh. Ogoan teuing, biasana ogé tara cararangkeul kieu. Pucal-pacul, turukal-térékél, ungkat-angkat, pokona sakur pagawéan beurat geus matuh dikeureuyeuh. Simbut sarung ditilepan. Diteudeun luhur bantal lépét. Rap dibaju takwa, ngarangkep jeung kaos panjang paranti saré. Kahandapna diganti ku calana panjang urut tadi peuting. Abong lungsuran ti nu beunghar, tapak istrika anu ngajiripit téh teu karijut sumawonna leungit. Geunah deuih dipakéna, upama hawa sedeng pan...