Sapatu, Jarum, jeung Bilatung
carpon: Anggi Novia Dewi Gebru! Mangpirang-pirang runtah diketrukkeun tina treuk gedé. Sorana handaruan lir taneuh urug. Mangpirang treuk, mangpirang runtah. Runtah ti suklakna ti siklukna ngumpul di tempat pamiceunan pamungkas. Tempat pamiceunan sésa-sésa kahirupan manusa. Mangpirang manusa mapag bareng jeung ngagimbungna laleur. Néangan sésa-sésa kahirupan pikeun manjangkeun kahirupan. Paboro-boro, paloba-loba. Ngumpulkeun sagala rupa nu masih miboga harga pikeun ditukeurkeun jeung rupiah. Teu maliré bau nu maturan unggal rénghap jeung rurujit nu ngalingkupan, nu aya dina haténa ngan harepan lir tingkaretipna béntang nu keur mayungan. Lir taya eureunna, treuk gedé ngetrukkeun runtah nu ngahunyud jadi tutugan, lamping, pasir, antukna jadi gunung. Isuk-isuk, beurang, kitu deui jeung kiwari mangsa janari. Mangsa nu lianna dipépéndé alam impénan. Treuk piligenti mudalkeun eusi nu diangkutna. Sagala rupa, sésa nu gedéna nu leutikna paga...